KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1)

 

Aya paribasa : �Teng manuk teng anak merak kukuncungan�. Hartosna kirang-langkung maparin warti yen anak mah gumantung ka kolotna. Kirang terang, nu dimaksad ku eta paribasa teh jalmi (wungkul) atanapi oge mahluk nu sanesna. Oge kirang terang, naonana nu gumantung ka kolotna teh, naha ngeunaan wujudna (wungkul) atawa oge pasipatanana minangka bewara perkara ayana �komunitas� nu kapiara, pedah can kungsi kajadian ; anak hayam jadi heulang, anak munding jadi kelenci, anak ucing jadi ������ jelema !

Demi nu disebut komuditas, sategesna raweuy-leubeut ku sasaruaan di antara nu sarua. Mun sireum tea mah lain ngan ukur sireum, tapi sireum beureum. Mun sireum beureum tea mah lain ngan ukur sireum beureum, tapi sireum beureum nu baradag. Mun sireum beureum nu baradag tea mah lain ngan ukur sireum beureum nu baradag, tapi sireum beureum nu baradag nu hirupna dina tatangkalan. Mun sireum beureum nu baradag nu hirupna dina tatangkalan tea mah lain ngan ukur sireum beureum nu baradag nu hirupna dina tatangkalan, tapi ������. kitu jeung kitu saterusna. Salila aya keneh nu beda mah, eta �katangtuan� teh terus nambahan tepi ka eces-tembres tanda-tanda nu panghususna. Kitu hartining komunitas nu saenyana.

Kumaha ari nu disebut �Komunitas Urang Sunda� ku ieu milist, nyaeta anu disebut KUSNET (Komunitas Urang Sunda di Internet) ? Ngeunaan hal eta kuring kungsi tumanya ka ieu milist susuganan aya nu haat maparinan panerangan, naon atuh nu disebut KUSNET teh, da piraku ngan ukur tuturut munding, ula-ilu bari balilu, ngukuntit bari teu ngarti. Nu haat maparin jawaban harita teh ngan aya duaan, nyaeta kang Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> sareng mang Jamal "mj" <[EMAIL PROTECTED]> 

Saur kang Siddik, KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya. Ari saur mang Jamal mah, KUSnet teh nyaeta singkatan ti komunitas urang sunda di internet, nya milis ieu, [EMAIL PROTECTED] milis urang sunda ieu nu ngadamel yayasan perceka. Beu, geuning bet pasalia ? Nya mana atuh nu bener ? Naha kasauran kang Siddik, nyaeta KUSNET diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku Yayasan Perceka, atawa kasauran �mj�, nyeta Yayasan Perceka diwangun (diadegkeun, diwujudkeun) ku KUSnet ? Anapon aci-acining pananya mah lapur teu kaladangan da anu diarep-arep mah jawaban ngeunaan naon anu disebut KUSnet teh bakal ngawengku panerangan ngeunaan naon anu dimaksud komunitas jeung saha atuh anu dimaksud Urang Sunda teh. Keun wae su�al internet mah teu dibejerbeaskeun oge da eta mah kudu nyaho sorangan, jeung deui kapan heueuh nyaho ayana KUSnet teh tina internet.

Dumasar kana waleran ti kang Siddik, eces-tembres yen sakumna anggota ieu milist teh geus moal salah deui, pasti wanoh jeung Yayasan Perceka ti mimiti bedegul juntrungna tug dumugi ka bubuk leutikna. Sabab, tangtu, samemeh ditarima jadi anggota milist [EMAIL PROTECTED] teh dikudukeun lulus heula �ujian saringan� atawa sugan �masa orientasi� ngeunaan eta yayasan. Ras ka dinya, kuring heran, naha geuning kuring mah teu ditalek teu ditakon. Bulubus teh estuning lalugina teu pinanggih jeung tanjakan.

Kajurung ku katerangan ti kang Siddik di luhur, yen KUSNET teh nyaeta Mediana (Situsna) Yayasan Perceka di alam maya, nu hartina yen KUSNET teh diayakeun ku Yayasan Perceka, nya kuring tumanya deui, naon atuh ari Yayasan Perceka teh ? Jawaban ti kang Siddik netelakeun yen Yayasan Perceka teh hiji yayasan anu ngagaduhan tujuan ngamajengkeun TS (Tatar Sunda) sareng US (Urang Sunda) ku jalan, diantawisna : masihan bea siswa ka para siswa US (Urang Sunda) yatim-piatu sareng kulawargi anu teu/kirang mampu, ngadanaan pabukon di TS, sareng sajabina. Carek kuring, euleuh-euleuh geuning rohaka yayasan teh, saha atuh saenyana anu nyieunna ? Lebah dieu tandes pisan mang Jamal netelakeun yen Yayasan Perceka teh diadegkeun ku urang KUSnet ! Lengkepna jawaban mang Jamal teh kieu : �kang Didin, abdi oge hilap deui kang Didin teh dimana linggih, maklum, seueur nu anyar gabung. teu pati kapalire, rada reugreug kuncena tos aya opatna. nepangkeun si kuring mang Jamal, di milis ieu, janten kuncen #3, kapungkur mah tukang gaplokna, ayeuna mah tos rada pangsiun, tos gaduh bati hiji, hate jadi rada leuleus. si kuring oge kaleresan 'dikutuk' ku Komunitas Urang Sunda di Internet (nami ieu milis) pikeun jadi pupuhu Yayasan Perceka nu memang dijieun ku urang KUSnet�.

Kuring nu geus ancrub milu aub ilubiung, teu kari pagiling-gisik di ieu milist, jadi mikir tujuh kuriling, ari nu disebut urang KUSnet teh saha ? Ari panyana nu disebut urang KUSnet teh anggota milist, nyaeta sing saha bae anu ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] Mun kitu mah atuh sulaya, da buktina geuning kuring di saha-saha, malah asup kana rombongan anu henteu kapalire bongan kasebut �nu anyar gabung�. Kirang terang, nu kaasup nu anyar gabung atawa rombongan nu teu kapalire teh nu gabungna iraha. Nu puguh mah, kuring nu �milu aub ilubiung� ti mimiti bulan Maret 2004, geus kaasup jalma anyar anu henteu kapalire tea, hartina teu kaasup uarang KUSnet. Tapi ketang da memang enya, kuring mah teu rumasa milu nyieun Yayasan Perceka, malahan mah kapan puguh nanyakeun ari Yayasan Perceka teh naon ?

 

(Hanca)


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke