Kang Didin sareng baraya sadayana...!!
Milis UrangSunda diadegkeun dina kaping 8 Mei 2000 ku Kang Ismail Rahman urang Cirebon anu didamel di Jakarta, Kang Ismail Rahman disebat kuncen#1, tujuanana teu aya sanes kanggo tempat komunikasi Urang Sunda (US) nu aya di sakuliah dunya, sareng kanggo ngantengkeun tali silaturahmi antara sasama US atuh teu kalangkung kanggo medar masalah-masalah kasundaan anu nuju janten bahan obrolan/ isu penting harita, sapertos waktos aya kajantenan situs Batu Tulis aya nu ngali ge kapan rame, janten sawala badag di ieu milis, atuh waktos aya gempungan di Bogor harita, milis ieu ge aya wakilna.
Aya aturan anu kedah diturut ku sadayana anggota milis diantawisna nyaeta kedah nyerat ku Basa Sunda disagigireun netiket sanesna (tiasa diaos dina http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files/ ).
Upami urang sadayana ningal ka http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ dina bubukana aya diserat Komunitas Urang Sunda di Internet...sareng saterasna...! tah eta kecap Komunitas teh teras disingkat janten KUSNET, kantos aya nu ngamasalahkeun naha bet disebat komunitas sagala kapan eta teh lain basa Sunda, da basa Sunda mah disebat kumpulan. Harita sim kuring, Mang Jamal sareng Kang Oman, ngawaler kumargi eta kecap teh ngandung hartos anu sami janten teu kedah di masalahkeun, sami sami tiasa dilarapkeun kana kecap Kusnet.
Naha bet ngaku ngaku Komunitas Urang Sunda, saleresna mah hal ieu teh luyu sareng nami milisna nyaeta URANGSUNDA, raraosan mah ieu teh teu pasalia, janten sing saha bae anu janten anggota milis urangsunda tiasa ngangken dirina anggota KUSNET.
Janten runtuyanana : milis urangsunda salajengna timbul istilah Kusnet, anu eusina mah nya eta-eta keneh.
Sim kuring ngiring kana ieu milis dina sasih Juni 2000 anu saterasna kapeto janten Kuncen#2 tug dugi ka kiwari, kumargi anggota beuki nambihan nya saterasna Mang Jamal diangkat janten kuncen#3 asana mah dina taun 2001 ahir.
Obrolan di Kusnet seueur anu munel, dina sagala widang, kumargi obrolan seueur nu munel tea, upami hayeuh bae mung sakadar medar gagasan tangtos moal ngabuktos da kedah sareng prakna diantawisna aya nu hoyong masihan bea siswa, aya nu hoyong nerbitkeun buku, aya nu hoyong muka pabukon/perpustakaan di unggal desa sste.
Tah kanggo ngawadahan sagala rupi eta gagasan nya harita teh aya rempugan, biasa ngawitan mah silih kintun email japri, silih telepon, teras kempel, anu kempel harita teh Kang Waluya, Kang Maman Gantra, Ua Djatnika, Mang Jamal, Sim Kuring, nya dina kaping 25 pebruari 2002 ngadeg yayasan anu dinamian Yayasan Perceka (YP) kalawan akte notaris No.46/2002 di Notaris Wiratni Achmadi SH di Bandung, anu janten Ketuana Mang Jamal, sim kuring sabage Ketua Pembina, Kang Maman Gantra Ketua Pengawas, Ua Djatnika sareng Kang Waluya janten Pembina
Janten runtuyanana  : Milis UrangSunda salajengna Kusnet salajengna YP
Saparantos aya YP kagiatan diteraskeun ku nyitak buku SBJS nu eusina nyandak tina seratan di Kusnet dina taun 2002 keneh, disagigireun eta maksadna mah kanggo ningalikeun yen parantos lahir YP ku gagasan ti Kusnet.
Saur Kang Maman Gantra dina ulasan buku di Majalah Forum Keadilan, nyebatkeun rada unik, kumargi aya heula milis/kusnet teras ngadegkeun yayasan, ari biasana mah yayasan ngadegkeun milis.
Kagiatan YP neras nyaliara sok sanaos masih alit keneh, diantawisna ngadegkeun pabukon di desa-desa (diantawisna di Ciamis, Cianjur, Sukabumi, Sumedang, Tasik, Cirebon) atuh bea siswa ge masihan, danana nya ti para donatur ti anggota Kusnet.
Laporan keuangan sok disebat laporan kencleng mangga diroris dina http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files/ , didinya tiasa dibaca dina file Bewara Kencleng.
Janten upami aya anggota enggal di milis/ Kusnet teras pada ngabageakeun ku anggota anu sanesna, nya hartosna tos janten anggota Kusnet.
 
Saha atuh ari Urang Sunda teh..? sim kuring mah bade nyutat difinisi ti Prof Suwarsih Warnaen bae : Nu disebut Urang Sunda nyaeta nu ngaku dirina Urang Sunda jeung diaku Urang Sunda ku anu lianna, kitu sacara umum, teras anu disebat Urang Sunda dina kecap Kusnet nyaeta sadayana anggota milis urangsunda.
 
Rupina sakitu heula,....bilih aya hal anu teu acan eces mah mangga diserat deui...insya alloh sim kuring, MJ, Kang Waluya sareng nu sanesna tiasa masihan waleran.
 
Danget ieu moderator/ kuncen Kusnet tos aya limaan nyaeta :
Kang Ismail Rahman Kuncen # 1
Sim kuring Kuncen # 2
Mang Jamal Kuncen # 3
Kang Eko Kuncen # 4
Kang Kandar/Kumincir  Kuncen # 5.
 
 
MSasmita
 
----Original Message-----
From: Didin Kustandi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, October 19, 2004 11:44 PM
To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] KUSnet, YP, jeung US

KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (1)

 

Aya paribasa : Teng manuk teng anak merak kukuncungan. Hartosna kirang-langkung maparin warti yen anak mah gumantung ka kolotna. Kirang terang, nu dimaksad ku eta paribasa teh jalmi (wungkul) atanapi oge mahluk nu sanesna. Oge kirang terang, naonana nu gumantung ka kolotna teh, naha ngeunaan wujudna (wungkul) atawa oge pasipatanana minangka bewara perkara ayana komunitas nu kapiara, pedah can kungsi kajadian ; anak hayam jadi heulang, anak munding jadi kelenci, anak ucing jadi  jelema !

Demi nu disebut komuditas, sategesna raweuy-leubeut ku sasaruaan di antara nu sarua. Mun sireum tea



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke