Abah Will, dukanya abdi mah naha kuresep ari maca masalah siga kieu teh padahal upami dilenyepan mah elmu abdi teh masih keneh deet...nyanyahoannan tea kitu...hihihi...keun lah, mudah2a sing aya mangpaatna kanggo abdi sareng dulur sadaya.
Maca posting Abah Willy ieu, abdi janten gaduh pertanyaan : kunaon di nagara sejen sawios hobi kana paripolah anu dilaknat ku Allah, katingalna langkung Makmur sareng maju tibatan nagara urang? Padahal teu kirang2 sdm di nagara ieu, cobi we dietang. Teu adil pisan nya...mung abdi mah moal hilap kaayaan ieu teh ujian ti Allah kanggo ngukur kaimanan manusa anu ngaku tos gaduh iman. Abdi janten emut kana sistem anu sok dianggo kanggo meupeuskeun hiji masalah ditempat kuli abdi, tos kabuktikeun ampuhna cara ieu dugikeun ayeuna pusat usaha perkulian abdi di jepang gaduh asset anu seueurna sababaraha kali lipet asset nagara urang. Mung nyaeta naon oge sistimna nu dianggo tetep gumantung kana kakompakan sareng kerja keras (sundana naonnya?), komo deui ari masalah nagara kieu mah, tiasa wae urang sunda anu member milis ieu kompak, mung kumaha urang sunda anu sanes member? kumaha oge nu sanes urang sunda? Kompak?...tah...tah ieu sigana mah urang nu ngaku tos gaduh iman teh teu kompak, terus kabebenjokeun, jadi sok rada males, naon deui nya?...aeh naha jadi ngagogoreng diri sorangan ieu teh...punten ahhh...kieu tah ari tos sering teuing heuay teh...cag dikantun heula, cangkeul geuning ngetik teh nya...mangga ahh bade sahur heula... Baktos ti Adul -----Original Message----- From: Waluya [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: 29 Oktober 2004 6:41 To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Moral ........... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

