euleuhhh... mang jojo tos aya deui di bandung geuning...???
kumaha damang mang samulihna ti singapore...???
 
abdi sakulawargi oge ngaraos bingah tiasa pendak sareng baraya KUSNET,
komo baraya anu dongkapna ti bandung mah,
mugia sanes waktos urang tiasa patepang deui nya mang...
boh di bandung atanapi di batam....
 
Panzi
*poto2na mana mang jo...??
----- Original Message -----
From: Mang Jojo
Sent: Monday, November 01, 2004 10:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kopdar sareng Mang Jojo


Wa'alaikumus salam wr.wb.
Bingah amarwata suta kalayan puji syukur lahamdulillah
rehna emang parantos kalaksanakeun tepang sareng Kang
Panzi kalih garwana, oge sareng Teh Novi ( anu harita mah
masih keneh lelengohan).

Emang asa diangken ku dulur pet ku hinis. Barang breh teh
asa teu asa-asa. Boboran oge ngahaja nedunan pangajang alo
Panzi  urang  murak timbel di "Batam Kuring", hiji resto
kagungan  Pa Lubis anu  istrina uarng Bandung  cenah.

Salebeting  murak tibel ngobrol galecok, brukbrak. Emang
ngaraos bingah tiadsa tepang sareng dulur ti Kusnet teh,
tetela aya mangpaatna ngariung di ieu dunia maya teh.

Hanjakal teu tiasa tepang sareng kang Iyan da kukupingan
teh Ramana Ngantunkeun di Garut. Allhummaghfirlahu
warhamhu waafihi wafuanhu. Mugia ditampi iman islamna,
dihapunten kalepatananan. Atuh kang Iyan tumetep dina
kasolehan sinareng teu petot-petot ngadungakeun almarhum,
sakumaha kasauran Rasulllah SAW yen amal hiji kjalmi teh
pegat iwalti sodaqoh jariyah, ilmu anu diamalkeun sarenga
putra anu soleh anu sok nghadungakeun ibu ramana.

Wangsul deui lalampahan di Batam,  nganjrek di Sei Jodoh
caket Nagoya (sanes Jepun ieu mah). Batam teh nuju
"kuriak" ngawangun. Sing saha anu gaduh artos mangga geura
maleser bumi di ditu,  etang-etang peperenian kanggo
kapayun. Cobi taroskeun ka Kang Panzi.

Sakumaha biasana cenah mun ka Batam teh sok hayang
balanja, tapi da artosna teua acan nyitak, kapakasa we
ngan kabujeng meser minyak seungit.  Rek masihan ka Neng
Mpup bilih ditampik, moal enya cenah calon panganten
dipaparin "air mata duyung". Wayahna Teh Mpup teu kaagehan
nya, ulah bendu.

Sakali deui hatur nuhun ka Kang Panzi kalih garwa, oge Teh
Novi anu tebih-tebih nagbujeng.
Salam ka Kang Ule di Bintan.
Tilam sono ka sadaya wargi kusnet.

MangJojo


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke