--- In [EMAIL PROTECTED], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Leres pisan Kang Rahman, ngadukeun kaimanan jeung teori kaelmuan 
> moal nyambung, sabab nu ari nu kahiji mah mutlak-mutlakan, ari nu 
> teori kaelmuan mah sifatna sementawis (relatif) salami didukung ku 
> data. Tapi nu cilaka, dua taun kapengker di Indonesia nerekab buku-
> buku anu ngadukeun dua sifat anu beda ieu, salah sawiosna buku-
buku 


Kang W,

Enya eta teh kitu? Beu cilaka atuh nya. Urang Kulon teh maju kusabab 
bisa misahkeun antara kaimanan jeung elmu pangaweruh. Di 
abad "pertengahan" (abad poek) mah apan di Kulon oge sarua gaya 
jeung cara pamikirannana saperti diurang jaman kiwari. Kaimanan (anu 
mutlak) dijadikeun patokan keur ngukur sagala hal. Lamun teu cocog 
jeung tekst buku suci, nya disebutna oge "teu bener". Emut panginten 
kana carios ngeunaan Galileo. Pan mani dibeuleum hirup2 ku 
alasan"anu "leutik": unggal poe manehna neggak ka luhur make 
toropong nitenan bulan bintang jeung sajabana, ceuk manehna 
teh "bumi muter ngurilingan panonpoe", lain sabalikna.

Ku ayana jaman "pencerahan" jeung humanisme, Kulon bisa maju teh. 
Intina mah: jelema anu jadi patokan keur ngukur bebeneran duniawi ku 
jalan trial and error. Tekst buku suci mah keur ngukur hal2 anu 
sejennna.

Asa emut deui kana tulisan Deepak Chopra. Kang W, pasti uninga bukuna
"How to know God". Anjeunna nyerat perkawis tilu wilayah kanyataan 

virtual domain
quantum domain
material reality

anu paheut pakuat pakait, tapi interpretasina kudu disaluyukeun kana 
eta kanyataan.

Nyambung ka HY, jelas aya misinterpretasi.

Ah duka teuing ketah, da ieu ge ngan saukur teori he he he.

Baktos,

rman





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke