Punten ngiring mairan. Ieu mah pangalaman we... Basa kuring sok ulin ka Perpusnas, enya, loba pisan kapustakaan teh. di antarana naskah anu kasebut kuno tea. Naskah sunda oge, atawa anu pakuat kait jeung sunda,memang loba. Tapi, harita da euweuh jorojoy hayang maca. Sok macaan teh koran-koran heubeul, jaman revolusi, atawa jaman Balai Pustaka. Resep. cengkat-cengkat teh geus sore dititah balik ku petugas. karakterisrik PUSNAS 1. perpustakaana tertutup. jadi mun teu apal bukuna, nya moal dipangcandakkeun ku petugas. tah carana, nya mukaan katalog dina loker anu geus raruksak (harita mah) 2. Mun dek moto copy, biayana mahal kacida. basa pangalaman kuring, salambar Rp 750,00. Bari paling saeutik kudu 10 lambar. 3. Buku anu kasebuh Naskah Kuno, biasana teu menang diinjeum bebas! bisi rusak. pangalaman guru kuring basa nyerat disertasi ngenaan cirebon, urang meser mikrofilm anu dipang (naon istilahna?) motokeuna ku petugas. jadi urang tinggal nyitak eta hasil photo, teras dibaca. 4. Kuring harita, da ari kudu moto copy hayoh mah, teu aya waragadna. nya disiasatan nyandak Palm Top/ handle PC. Ayeuna mah PDA geura, anu aya paranti moto, teras kirimkeun via mms. omat ulah katinggali. tapi deui-deui eta teh teu laku jang naskah kuno mah, sabab, eta mah keukeuh kudu make mikrofilm tea. patarosan salajengna, aya waragad jang mikrofilm tea? syukur ari aya mah.
baktos, tantan (omat ulah pesimistis) --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ah nembe rarancang teh. kieu maksadna mah. aya beja ti > kang kumincir, cenah seueur naskah pustaka di arsip > nasional nu kaayaanana tos heubeul pisan. bisa jadi > eta arsip teh ruksak 'dimakan usia'. terus aya ideu > kumaha upama eta arsip di-digitalkeun, ngarah tiasa > didokukentasikeun sarta tiasa dimangpaatkeun ku > balarea. tah kitu teh nembe rarancang, jigana ieu > tiasa diagendakeun kanggo engke padungdengan di > cimalati. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

