salah sahiji kaulinan urang lembur ari bulan puasa
baheula, ari peuting tas taraweh, atawa samemeh syahur
sok ngadulag. perkara dulag keur ulang lembur mah
harita jigana lain ngan ukur bedug nu dijieun dina kai
golondongan, membranna make kulit munding atawa sapi.
tapi dulag geus jadi bagian kahirupan marenaehna,
dimana aya tatali batin anu kuat antara dulag jeung
batin urang lembur. 

jigana upama ku kuring dibandingkeun jeung manusa
kiwari, tatali batin urang lembur jeung dulag harita,
jiga gumantungna manusa kiwari jeung 'handphone'.
upawa urang indit-inditan, 'handphone' tinggaleun asa
aya nu leungit teu puguh rarasaan. 

urang lembur anu nyaba, jauh di lembur, cenah sok
ceurik nepi ka balilihan, lamun ngadenge dulag di
lembur batur. cukup ku dulag hatena geus inget hayang
balik ka lembur. 

kiwari dulag geus langka, di kota kadang-kadang ngan
ukur rekaman sorana. meureun ka hareup mah komo,
dulag/bedug ngan ukur tinggal gambarna.

salam,
mh


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke