Assalamu'alaikum wr. wb.

Allhamdulilah kamari ping 27 Nov 2004 baraya kusnet
parantos ngayakeun halal bi halal di
cimalati-sukabumi, kiranglangkung anu sumping anu aya
di daftar  tamu aya 33 urang upami djumlahkeun
sadayana sareng kulawargi anu dicandak kirang langkung
aya 70 urang. Kirang langkung tabuh 10 enjing-enjing
baraya parantos sarumping teras we ka tempat kempel
sambil ngupingkeun kacapain anu live tea dugi tabuh 12
teras sholat lohor di teraskeun tuang siang.

Kirang langkung tabuh hiji siang acara dikawitan,
seksi acara kang gunawan yusuf :
1. Ngaos Ayat suci al-qur'an (hilap deui namina - ti
sukabumi)
2. Sambutan ti pupuhu panitia (sim kuring)
3. Sambutan ti pupuhu hajat (Mang Siddik)
4. Acara nepangkeun ti sadayana baraya anu sumping
5. Sambutan ti Pupuhu Yayasan Perceka (Mang Jamal)
6. Sholat Ashar
7. Acara Diskusi/Ngobrol sareng nusanesna (Kang
Tantan)
8. Sholat Magrib
9. Neraskeun Diskusi dugikeun tabuh 12:30

Kanggo hasil diskusi parantos dipostingkeun ku kang
tantan, sakitu ringkesan acara halal bi halal
dicimalati-sukabumi kamari kanggo detail sadayana
acara insya alloh ke dikintunkeun deui kaleresan
kamari catetanana disimpen di laptopna mang siddik,
teras kanggo daftar baraya anu sumping ke insya alloh
nyusul.

Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun pisan ka
pupuhu hajat (mang siddik, kang edi sutardi) anu
parantos ngawaragadan acara hahal bi halal. Kitu deui
sim kuring hatur nuhun pisan kasadayana kanu tebihna
kanu caket parantos kersa rurumpaheun ka acara halal
bi halal kusnet di cimalati sukabumi. Teu hilap sim
kuring oge nyuhunkeun dihapunten bilih salami
kapanitian halal bihalal ieu kirang nyugemakeun
sadayana baraya sakali deui nyuhunkeun dihapunten.
Mudah-mudahan acara kempel-kempel/halal bi halal
kusnet sepertos ieu kapayuana tiasa diayakeun deui.

Sakitu heula ti sim kuring, hapunten kana
kakiranganana.

Wassalam,
@ERN


=====
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------


        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke