Carios MJ nu nyambit robihna kaayaan langkung heureutna lengkah kulantaran geus laki rabi jadi kapikiran oge ku sim kuring. Memang enya MJ lengkah teh teu sajauh basa urang masih keur wanoh, masih kuat & bebas ngalong jeung oge nu aya mah resep we mun ancag incig padahal teu kudu make kratingdaeng. Nalika  kondisi Kusnet  nu mayoritas statusna pagawe (oge laki rabi?), jeung kagagas ku icik ibungna MJ di Lisenda sim kuring gaduh usul hayu urang dipikir jeung dikaji kumaha narekahanana supaya leuwih loba mahasiswa nu rek ancrub kana kagiatan Kusnet. Ari mahasiswa teh daria, "energizer". Mun milu ancrub di kagiatan Kusnet keur urang tangtu kabantu pisan dina "operasional" hiji kagiatan, atuh keur maranehna lian ti ngala pangalaman oge bisa keur ngeusi CV, pibekeleun kahareupna.
 
Baheula kuring boga impian kabeh Paguron Luhur di Jabar boga unit kagiatan dina budaya sunda sapertos lingkung seni sunda. Ieu unit teh strategis, ngan di paguron luhur urang boga kasempetan terahir ngeusi kasundaan ka "kaum intelektual" . Jadi ngalengkepkeun lengkah strategis PSK nu nyegat ngeusi kasundaan US ti bibitna. Kapungkur mun Kang Ajip aya ka Bandung (liburan ti Jepang) ku Abah Surya & Kang Rustandi (masih aya??) sok diulem & "dieusi" barudak2 ti lingkung seni sunda paguron2 luhur di Bdg. Patarosan (usul?) si kuring naha mungkin/tiasa henteu mun Kusnet boga program ngumpulkeun/ngeusi adi-adi ku cara nu sarua. Singketna usulan teh aya dua:
1. Kusnet ngaaktipkeun adi-adi nu di lingkung seni sunda di paguron2 luhur ku jalan panglawungan/diskusi jeung inohong2 US, oge ngalibatkeun adi2 dina kagiatan/operasional Kusnet;
2. Kusnet ngainisiatipan (ngahudangkeun) paguron2 luhur nu can boga lingkung seni sunda pikeun nyieun/ngadegkeun (strategi & carana urang dibahan misah/khusus).
 
Mangga nyanggakeun ka baraya sadayana naha ieu "implementasi silih asih silih asah silih asuh "teh mungkin henteu dilaksanakeun ku urang babarengan.
 
baktos
TCW
 
Ka nu di Bandung nyuhunkeun ti jero manah kersana bantosan ngadugikeun salam baktos sim kuring ka Abah Surya.


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke