Alah siah....mun kitu mah teu salah jadi wewengkon dedemit teluh teh :D  Ieu mah cita-cita kuring nu can kahontal nepi ka ayeuna, hayang jarambah nyisir basisir ti Pangandaran terus ka Cipatujah, Basisir Pameungpeuk nepi ka Palabuan Ratu. Harita keur ngora teu kasampeur jadi kudu nungguan geus aki-aki, mun barudak geus gararede. Tapi mun Kusnet ngayakeun "petualangan" kuring rek milu, bae lah pamajikan kaget nempo kuring kumincir....
 
TCW

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tebih keneh kang ... pami ti tasik aya beus jurusan tasik cigugur ... ti padaherang teras keneh, kalipucang, pangandaran teras .... tah di parigi mengkol ka katuhu, pami ka kenca ka cijulang kadituna ka cimerak, kalapa genep, tawang tasik, cipatujah ...
di pangleseran teu kenging lempeng, mun lempeng engke ka banjarsari kadituna, ieu mah mengkol ka kenca, teras we tuturkeun da mung sajalan ... ti lembur teh tiasa oge ka tasik, bras na ka kampung abdul rojak nu kenging kalpataru tea, pami ka katuhu kadituna ka langkap lancar, brasna ka banjar, ngetan sakedik pamarican ... he .. he ... sesah yang kang ..
 
baktos,
budhi
oritate permai
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, December 01, 2004 2:44 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: kontingen panglobana di cimalati

Jadi inget aki ti gigir (adina aki?) mun usum hujan baheula sok ka Padagerang Ciamis ngala lauk rawa sabangsaning betok (naon deui nya?). Mun lebaranan ge sok ka Padaherang dan Buyut dikurebkeun didinya. Ari Cigugur teh memeh Pamarican nya, lemburna (alm.)Kartasasmita?
 
TCW

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
biasa ari urang lembur mah langka kasebut .... abdi oge ti ciamis, lebah turki, pangandaran ka ditu deui .. pas na di kampung palumbungan desa/kacamatan cigugur .. pernah kawentar mangsa loba tukang teluh nu dipiceun ka ciwayang ..
 
baktos
budhi
oritate permai


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke