Teh kumaha atuh upami diagendakeun kagiatan Kusnet sasih Feb/Maret?. Tangtos Teteh, Teh Elly, Kang Gunawan, oge Kang Oman janten kokojona. Saur Kang Oman aya sasih2 nu teu tiasa urang luar nganjang, naha Feb/Mar kalebet sasih pantangan?
 
TCW

Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kanu kantos atanapi sering ka ditu mah Teh Elly Djulia (mung kamari
teu ngiring kongres), atanapi da kang GUnawan oge kantos pami teu
lepat mah, abdi ge kantos waktos smst sabaraha nya.. pami teu lepat
smst 2, KKL diditu dugi ka 4 dintenan.. ngalangkung jalur ti
Ciboleger, nu ngalangkungan Gajeboh aya sasak gantung... tapi saur
teh Elly mah seueur jalan ka-baduy-keun... Langkung paosnamah kedah
naros ka Teh Elly atanapi ka kang Gun

~ipup~


--- In [EMAIL PROTECTED], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Leres kang Tirta,..
> Perkawis ameng ka kampung Baduy mah geus jadi niatan
> ti baehula keneh hoyong ningal langsung siga kumaha
> kahirupan urang lembur dinya teh. Sigana lamun budak
> diajak (ieu oge lamun jalurna henteu abot pisan)
> kaditu, bakal jadi emutan lamun geus gede engkena.
> Mung sim kuring mah poek pisan ka palebah manana jeung
> deui teu gaduh kawawuhan anu uninga wewengkon daerah
> dinya. Anu matak kamari teh ngajakan, sugan bae eta
> kahayang bisa kaalaman lamun aya nu maturan ka ditu.
> Ari waktos na sim kuring mah teu langkung kumaha anu
> bade nyandakna bae.
>
> baktos akos






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke