Ari di abdi mah kieu
Hatiku Jang Wawan, tumpak mobil sedan sedanna ucutan di kolong jambatan, omean.. Teu boga duit, ngajual beurit, beuritna kabur, ngajual bubur, buburna tamplok ngajual mangkok, mangkokna songhek, ngajual cengek, cengekna pentil ngajual kutil, kutilna bohak ngajual reuhak, reuhakna bau, ngajual lebu, lebuna geheng, ngajual bonteng, bontengna ........ kadituna teu anggeus2, disambung2 waee..... lamun Bangbang kalima-lima gobang bang, bangkong ditengah sawah wah, wahay tukang bajigur, gur, guru sakola desa sa, saban poe diajar, jar, jarum paragi ngaput, put putri nu gareulis lis lisung kadua-dua halu lu, luhur kapal udara ra, ragrag di jakarta ta, taun dua rebu bu, buah meunang ngala la, lauk meunang nyobek bek, beker meunang muter ter terus ka cikampek pek, (didieu aya nu langsung eureun, ngeureunkeunna pek, dewek teke! bari ngabecir sarerea....) aya oge nu diteruskeun terusna kieu... pekam dagang kalam lam, lampu kueh hoho, ho, hotel pamandangan ngan, ngantos kangjeng dalem lem, lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong (bari ngadu pipi) jalan ka batawi ngemplong..... Sabenerna eta dilebetkeun kana genre kakawihan barudak... bari ulin- ulinan bari ngahaleuang... ~ipup~ --- In [EMAIL PROTECTED], Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kuring mah emut teh meun lagu bari heureuy tea... sapertos, > > Aduhai kang wawan, numpak mobil sedan > sedanna ucutan, dikolong jembatan > Omean!! > > TEu boga duit ngajual cengek, cengekna buruk ngajual jeruk > jerukna pentil ngajual teras kaituna > tapi tos hilap deui eta tetembangan teh.. > > teras aya anu > > bang bang kalimalima gobang...bang.. > bangkong ditengah sawah...wah.. > wahi kapal udara..ra > ragrag di Jakarta..ta > taun opat lima..ma > hilap deui oge yeuh...heuheuheu... > > geus ah, > da mepende budak oge palingan ngan sok diajak ngobrol sareng diharewosan > wae... atanapi sok diculkeun cenah anteng.. gugulitikan, engke ge bobo > nyalira.. :) > > Baktosna, ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

