Ieu mah mung sakaemutan kuring bae ti dongengan pun
aki baheula, dongeng na teh kieu teh Ina... 
keur jaman baheula di Ciamis kidul wewengkon Lakbok
aya rawa anu dipercanten ku penduduk dinya jadi puseur
kerajaan siluman (onom). Anu matak muringkak bulu
punduk teh ieu kerajaan sok ngayakeun pesta anu sok
direuah-reuah sagala ku tatarian/tayu, kendang, goong,
pokona mah ku penduduk dinya mindeng kadenge di tengah
rawa eta teh siga urang biasa bae ilaharna lamun keur
aya hajatan.
Lamun kerajaan onom keur ngayakeun pesta, piring jeung
gelas penduduk sabudeureun eta rawa sok aya
dicirian/ditandaan gambar ku onom. Ciciren ieu tiasa
katingal ku urang biasa oge, mung siga kumaha gambarna
tacan terang kuring mah. Tah , lamun parabot makan
urang geus diciran, eta teh tandana nuju ditambut ku
kerajaan onom keur pesta aranjeuna.
Mung duka leres duka henteu eta cariosan pun aki, da
sim kuring oge tacan kantos ningal langsung kajadian
anu kararitu. Mugia bae henteu ah..
Harita teh, sok aya oge jelma anu ngelmu ka karajaan
onom, anu matak baheula di bandung keur jaman nge-boys
(taun 50-60 an) kungsi aya geng barudak ciamis anu
dingaranan "Onom Boys" anu kawentar kana elmu
kesaktianna na. Ceunah mah saurang oge moal eleh ku
100 urang.
Tapi teuing ketang da ieu mah mung dongeng wungkul...

baktos akos 
 

--- Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> iiiih... alim atuh nu kitu mah..
> hoyong soteh dongeng Onom ti Kang Tirta, sanes ti
> Kang Onom-na langsung hiiiiiyyyyy.....
> 
> ~ina




        
                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke