Ieu mah pangalaman kuring papanggih jeung "jurig" baheula keur budak. Waktu usum suung (supa) jaradi, kuring hayang miluan neangan suung ka kebon tonggoheun lembur. Kulantaran bisi katimu manten ku batur neangan suung biasana subuh keneh kudu geus indit ti Imah. Hudang sare, masih paroek keneh, teu sibeungeut-sibeungeut gancangan kuring ngagiridig ka kebon, bari jeung teu inget kudu nagliwatan kebon Pa Dalin, nu cenah mah loba jurigna da aya tangkal kawung ngajegir gede. Tong boro ngaliwat paroek keneh, ngaliwat beurang oge pikasieuneun.
Tepi ka deukeut tangkal kawung, samar-samar kuring ningali nu ngabelegbeg hideung, reuwas, kuring ngarandeg, tapi nu ngabelegbeg hideung tetep aya. terus kuring undur-unduran, tapi nu ngabelegbeg hideung kalahka nuturkeun, ngalieuk ka lebah kenca, ngilu aya dilebah kenca, ngalieuk ka katuhu, ngabelegbeg di beulah katuhu. Teu karasa tuur jadi ngaroroncod, awak jadi nirisan......jeung hayang ngagorowok tapi teu sora teu kaluar tungtungna lewa-lewe rek ceurik, teu karasa gigisik .....nu ngabelegbeg ngaleungit, ngan aya nu ngageregel dina leungeun, ditingali ..........cileuh!, mani gede pisan. Tapi reuwasna henteu cageur sapada harita, neangan suung poe harita henteu diteruskeun. WALUYA --- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mun neangan jalma nu paling teu percaya dongeng ngeunaan jurig , kuring meureun kaasup salah sahiji diantarana, ti leuleutik oge kuring mah sok hayang seuri mun ngadenge dongeng jurig, onom , jsb... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

