dongeng perkara jurig jigana deukeut jeung kahirupan
dipilemburan. aya sababaraha pangalaman pribadi kuring
anu aya patalina jeung nu sok disarebut jurig teh.

pernah hiji waktu tengah peuting ereng-erengan,
tatangga kuring (masih keneh baraya jauh), wanoja,
ngadadak kasurupan. sabenerna sok sering kasurupana
teh. ari kasang tukangna pedah salakina nyandung. tah
upama salakina kabagean kilir kanu ngora, sapoe dua
poe ti harita tatangga teh sok kasurupan. jigana bakat
ku uleng ngalamun meureun, terus baluas, teu puguh
pikiran. 

harita oge, pas salakina keur kilir. kulantaran
tatangga nya kapaksa tunduh-tunduh oge sok milu
maturan jeung tatangga sejenna. tah kabeneran harita
kuring kabagean dititah neang 'orang pintar' anu biasa
meruhkeun nu kasurupan.

harita teh kuring duaan jeung babaturan, kapaksa
sieun-sieun oge lunta ka luar. rek neang orang pintar
tea. kangaranan di lembur jaman harita, antara lembur
jeung lembur lain teh kudu nyorang kebon awi anu
gerot. tah palebah dapuran awi nu kaliwatan, kuring
manggihan hiji sumber cahaya anu moncorong, ngagebur.
kira-kira sagede bal sepak.

bulu punduk murinding, naha eta teh nanahaon. cenah
mah eta teh jurig bonconong. tapi lalampahan teu bisa
ditunda da nu inget kanu kasurupan.

nu matak, baraya tong raresep nyandung. da geuning
nyandung teh lain ngan usuran pribadi. buktina mah
ngaduruwiksakeun tatangga, katempuhan buntut maung.

salam,
mh

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Ieu mah pangalaman kuring papanggih jeung "jurig"
> baheula keur 
> budak. Waktu usum suung (supa) jaradi, kuring hayang
> miluan neangan 
> suung ka kebon tonggoheun lembur. Kulantaran bisi
> katimu manten ku 
> batur neangan suung biasana subuh keneh kudu geus
> indit ti Imah. 
> Hudang sare, masih paroek keneh, teu
> sibeungeut-sibeungeut gancangan 
> kuring ngagiridig ka kebon, bari jeung teu inget
> kudu nagliwatan 
> kebon Pa Dalin, nu cenah mah loba jurigna da aya
> tangkal kawung 
> ngajegir gede. Tong boro ngaliwat paroek keneh,
> ngaliwat beurang oge 
> pikasieuneun. 
> 
> Tepi ka deukeut tangkal kawung, samar-samar kuring
> ningali nu 
> ngabelegbeg hideung, reuwas, kuring ngarandeg, tapi
> nu ngabelegbeg 
> hideung tetep aya. terus kuring undur-unduran, tapi
> nu ngabelegbeg 
> hideung kalahka nuturkeun, ngalieuk ka lebah kenca,
> ngilu aya 
> dilebah kenca, ngalieuk ka katuhu, ngabelegbeg di
> beulah katuhu. Teu 
> karasa tuur jadi ngaroroncod, awak jadi
> nirisan......jeung hayang 
> ngagorowok tapi teu sora teu kaluar tungtungna
> lewa-lewe rek ceurik, 
> teu karasa gigisik .....nu ngabelegbeg ngaleungit,
> ngan aya nu 
> ngageregel dina leungeun, ditingali
> ..........cileuh!, mani gede 
> pisan.
> 
> Tapi reuwasna henteu cageur sapada harita, neangan
> suung poe harita 
> henteu diteruskeun.
> 
> WALUYA
> 
> 
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia
> <[EMAIL PROTECTED]> 
> wrote:
> > Mun neangan  jalma nu paling teu percaya dongeng
> ngeunaan jurig , 
> kuring meureun kaasup salah sahiji diantarana, ti
> leuleutik oge 
> kuring mah sok hayang seuri mun ngadenge dongeng
> jurig, onom , jsb...
> 
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke