Geus lah ulah carita jurig/onom atuh..sieun teu bisa sare abdi mah ...kajaba
ieu teh malem jumaah kliwon deui..hiiiyyy..

Baktos
ragil-sieun ka jurig

----- Original Message -----
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, December 02, 2004 3:25 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Pangalaman Kuring Anu Aheng.....


>
>
> Ieu mah pangalaman kuring papanggih jeung "jurig" baheula keur
> budak. Waktu usum suung (supa) jaradi, kuring hayang miluan neangan
> suung ka kebon tonggoheun lembur. Kulantaran bisi katimu manten ku
> batur neangan suung biasana subuh keneh kudu geus indit ti Imah.
> Hudang sare, masih paroek keneh, teu sibeungeut-sibeungeut gancangan
> kuring ngagiridig ka kebon, bari jeung teu inget kudu nagliwatan
> kebon Pa Dalin, nu cenah mah loba jurigna da aya tangkal kawung
> ngajegir gede. Tong boro ngaliwat paroek keneh, ngaliwat beurang oge
> pikasieuneun.
>
> Tepi ka deukeut tangkal kawung, samar-samar kuring ningali nu
> ngabelegbeg hideung, reuwas, kuring ngarandeg, tapi nu ngabelegbeg
> hideung tetep aya. terus kuring undur-unduran, tapi nu ngabelegbeg
> hideung kalahka nuturkeun, ngalieuk ka lebah kenca, ngilu aya
> dilebah kenca, ngalieuk ka katuhu, ngabelegbeg di beulah katuhu. Teu
> karasa tuur jadi ngaroroncod, awak jadi nirisan......jeung hayang
> ngagorowok tapi teu sora teu kaluar tungtungna lewa-lewe rek ceurik,
> teu karasa gigisik .....nu ngabelegbeg ngaleungit, ngan aya nu
> ngageregel dina leungeun, ditingali ..........cileuh!, mani gede
> pisan.
>
> Tapi reuwasna henteu cageur sapada harita, neangan suung poe harita
> henteu diteruskeun.
>
> WALUYA
>
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> > Mun neangan  jalma nu paling teu percaya dongeng ngeunaan jurig ,
> kuring meureun kaasup salah sahiji diantarana, ti leuleutik oge
> kuring mah sok hayang seuri mun ngadenge dongeng jurig, onom , jsb...
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke