baraya, wilujeng enjing.
kamari aya postingan ua sas, nu ceuk kuring mah cukup
penting. hanjakal teu katewak, tapi eusina masih keneh
inget, kira-kira tarjamah bebasna kieu:
"... ti mimiti kusnet diborojolkeun tug nepi ka
kiwari, geus mangrewu-rewu email nu diproduksi ku
RAHAYAT NAGRI KUSNET. jejer eusina sagala aya. ieu teh
banda nu kawilang ageung hargana. upama eta banda teh
dikumpulkeun kalayan dipilah saluyu jeung jejerna,
meureun baris jadi bahan panalungtikan anu mucekil.
kukituna perlu aya usaha kanggo milah-milahna..."
tah kitu kira-kira eusina teh. ceuk pikiran kuring
kasauran ua sas teh peryogi dipadungdengkeun, margi
aya leresna. ngan nu kasawang, ceuk panitenan kuring
usaha milah-milah email nu mangrewu-rewu teh, sanes
gawe jore-jore. sabab jejer email urang sadaya teh
kacida heterogenna. margi jalanna diskusi
ngaleugeunjeur alamiah pisan. kumaha leokna angin
jeung ngamalirna cai susukan.
supaya kahareup rada gampang ngawilah-wilah jejer
diskusi, kuring aya sababaraha usul.
kahiji, kumaha upama dibaladahan aya samodel
'propokator' anu baris jadi 'think-thank' ieu nagri.
nya ceuk basa legegna mah jiga 'dewan pakar' lah. tah
tugasna taya lian jadi 'komandan' diskusi dina
jejer-jejer tertentu. misalna aya komandan keur widang
agama, bahasa, seni budaya, ekonomi bisnis, teknologi,
atikan pulitik, jeung rea-rea deui.
tah eta komandan tugasna secara berkala, mungkin
saminggu sakali, dua minggu sakali, atawa sabulan
sakali, kumaha perluna wae, mostingkeun email saluyu
jeung widang garapanana. terus misalna, sataun sakali
sakalian kongres, dijieun laporanana.
tah ayeuna kumaha milih dewan pakarna. urang cobaan we
nyayakeun pemilu langsung. bari sakalian diajar urang
diajar demokrasi. tahap kahiji misalna, usulan calon
'pakar' ku rahayat nagri kusnet. terus tangtukeun
perlu sabaraha urang pakar. saterusna eta 'cakar'
(calon pakar) teh pilih deui ku balarea.
cag heula ah.
salam,
mh
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/