Hapunten kasadayana, sim kuring rek
cumarita ka balarea.
Nelengnengkung..nelengnengkung...geura
gede geura jangkung.. geura sakola ka Bandung .....geura... Inget keneh meureun, eta teh
sapotong tina hariring kolot-kolot urang baheula lamun
keur ngasuh atawa mepende budak. Eta lagu teh sigana diijabah
ku Gusti Alloh, keuna ka diri kuring.
Ari kolot kuring duanana urang
Cicalengka, eta oge kaasup pasisian. Atuh
kacida reueusna lamun jaman harita bisa nyakolakeun budak ka Bandung. Nya ti mimiti SMA mah kuring teh sakola di Bandung, SMA Negeri
10.
Cicalengka, Garut, Tegallega, Bandung jeung
sabudeureunnana teh geus ngawengku rasa cinta kuring ka alam parahyangan. Saestuna pisan yen alam parahyangan teh layak dicintai, dipika
meumeut. Jelemana saromeah, hawana tiis ngadalingding, caina herang tur tara kurang. Kadaharan
raraos, tatangkalan hejo ngemploh. Estuning tatar
sunda parahyangan taya bandingannana.
Karesep kuring kana ngurek, nguseup
jeung ngala jangkrik. Tah karesep eta
anu jadi sabab diri kuring akrab tur wanoh kana alam lingkungan kahirupan.
Bau leutak jeung jarami, ngorolokna cai jeung hariring
pilemburan anu hese digambarkeunnana.
Nelengnengkung..nelengnengkung....
Rengse sakola ti Bandung, alatan
tugas kuring ngumbara ka luar pulo nepi ka rarabina tur boga anak hiji. Tidinya kuring sakola deui ka Bandung. Ari kahayang mah rengse sakola teh tugas kuring dipindahkeun ka Bandung. Kanyataannana kuring kalah dipindahkeun ka Malang. Rada kaupahan da Malang oge tiis
siga Bandung, siga tatar Sunda, cenah. Mimitina mah
enya, tapi lila-lila mah beda.Tiisna hawa di Malang ku kuring
mah karasa garing jeung matak hideung kana kulit. Caina oge
teu pati seger siga cai alam parahyiangan sok sanajan
di Jawa Timur mah kasebut wilayah anu pang dipujina, pang dipikaresepna
pariwisata.
Nelengnengkung..nelengnengkung....
Lima taun gawe di Malang, kuring
sakola deui ka Bandung. Ari anak jeung pamajikan mah
ditinggalkeun di Malang. Kuring indekos di Bandung, balik dua
minggu sakali kana kareta api ka Surabaya disambung
ku kareta ka Malang atawa turun
di Jombang disambung beus ka Malang. Ampir dua tahun kuring ngalakonan kitu teh, tepi ka arapaleun
kondektur Mutiara Selatan mah.
Sarengsena sakola, di kantor teh di bere formulir anu kudu
dieusian nyaeta milih hayang ditugaskeun di mana ?
Atuh teu antaparah deui kukuring dieusian pilihan ka hiji menta ditugaskeun di Bandung, pilihan
kadua menta ditugaskeun di Bandung sabab
baheula oge mimiti ngamprah rek milu sakola ikatan dinas
teh di Bandung. Tapi dasar
can aya nasib, angger we tugas teh balik deui ka Jawa Timur. Sigana
Bandung mah keur kuring ngan ukur tempat sakola da bongan baheula pangdu'a
kolotna kitu. Atuh nepi kaayeuna di Jawa Timur teh
geus ngawelas taun. Cicing di tatar Sunda keur kuring
masih keneh impian.
Nelengnengkung..nelengnengkung....
Tadi peuting kuring karek nepi ka imah balik mudik ti Bandung, nepungan
kolot anu kari sabeulah jeung adi-adi anu ayeuna geus
baroga budak. Lumayan rada lila di Bandung teh, rada
wareg weh kukurilingan teh. Keur mah kalender beureumna kebat saminggu
katurug-turug taun ieu mah ngahaja lebaran di Bandung . Beda jeung
taun kamari lebaran di mitoha di Palembang jadi ka Bandung teh ngan
ukur nyimpang dua tilu poe.
Hasil tina lalampahan sapuluh poe
di Bandung, kuring
nitenan kana sagala kaayaan jeung kahirupan. Geuning Bandung teh beda ayeuna mah. Lain Bandung anu baheula
anu ku kuring dipika geugeut tur dipikareueus. Sawah pang
ulinan pinuh ku pabrik, walungan paranti kokojayan jeung ngeueum lamun bulan
puasa caina bulao semu hideung, jeung deui matak arateul cenah lamun dipake
mandi teh. Lembur anu tiis matak nineung kukorosakna daun awi
katiup angin, ayeuna mah teu aya, anu kadenge teh sora ojeg jeung mobil
atawa sinetron ti imah-imah. Gunung geulis siga anu
budug, sisina pinuh ku imah. Pasir Candi oge dugul
jeung lidig pisan da sarua dipelakan imah. Jajalanan
macet teu puguh rupa, jelema hararak sautak-saeutik kudu ngaluarkeun duit.
Rajeun aya angkutan taxi tapi sebel ku kompakna sabab kompak teu benerna,
kompak arembung make argo.
Hawa Bandung karasa pisan bedana,
panas kacida. Tong boro tibeurang, jam sabelas
peuting kuring masih keneh ngarasa hareudang sasatna kuring teh jelema anu
datang ti daerah panas, Surabaya - Sidoarjo.
Di imah, boh ka anak atawa ka
pamajikan, kuring sok loba nyaritakeun kumaha ngeunahna Bandung. Reueus pisan ku Bandung teh matak
hayang pisan pindah ka Bandung. Tapi ningali kitu, hate kuring jadi galideur. Bingung
lamun pindah ka Bandung teh nu
ngeunah cicing di mana, anu karasa keneh parahiyangannna ?
Bandung teh ayeuna
mah teu someah ka kuring, teu aya kadangu tembang ciajuran, tara kadangu ketuk tilu kendang atawa
penca sumawona degung mah. Bandung tos luntur. Anu puguh mah Bandung teh jadi
lautan jelema anu teu barisa seuri. Teuing
ti mana wae tah jelema teh.
Nelengnengkung..nelengnengkung....kuring
teu bisa balik ka Bandung
Surabaya, 22 Nop2004
Agus Muthoharun