Hatur nuhun kang rani kana wartosna, kumaha baraya. saha wae nu bade ka UI depok teh? salam, ikmal
MRachmat Rawyani wrote: >ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet Jakarta, >hapunten nembe tiasa ngawaleran ayeuna perkawis >kempel-kempel ping 11 Desember. >Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo acara >anu dimaksad. > >Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah >sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya di >Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga. >Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat >administrasi Universitas Indonesia/gedung Rektorat. >Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong. >(Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina nya?). >Upami masih enjing mah udarana teh masih seger, teu >acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir di >kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae), >biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas anu >ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng >Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon obat >sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket kampus >FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu >mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di kafe >TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami teu >lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron Bajaj >Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP. >Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring wae, >di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali pamandangan >kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99 >25854. > >Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya eta >Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL tiasa >lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge >beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk, atanapi >Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa >mung Rp 2000, >Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di >Direktorat PPSI. >Sumangga diantos di kampus Depok. > > >baktosna, > >mrachmatrawyani > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

