Assalamualaikum Wr Wb.
Wilujeng Sumping Kang...!! (sareng Kang Ali
Ramdhan teh biasana upami di darat mah osok nga-Bapa-keun)
Bangja
temen yeuh aya tatangga janten anggota Kusnet, aya batur
pakumaha.
Asana
tos lami yeuh urang teu patepang,......kumaha damang..?
Di
rorompok aya buku Sundalana ka II, aya artikel nu sae kenging Mikihiro Moriyama,
diantawisna ngaguar yen ceuk pamendak bangsa Walanda, karya tulis
Urang Sunda mah teu ngagaduhan ajen sastra, aya gurat beureum sareng
artikel Moriyama dina Jurnal Dangiang 3 ( Bahaya Purisme Sunda). Sae Kanggo
diulik.
Upami
aya waktos diantos di rorompok, urang ngawangkong deui...!!
Wassalam
MSasmita
Rumah
Baca Buku Sunda "Jeung Sajabana"
Jl
Margawangi VII No.5
Margacinta Bandung.
-----Original Message-----
From: ali_ramadhan ramadhan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, December 07, 2004 10:02 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun...
Assalaamualaikum wr. wb.
Nepangkeun wasta pun Ali Ramadhan. Yuswa 41 taun. Ari
lahir mah di Bandung. Ti taun 1966-1969 ngiring ka pun
Bapa Kol. Bustomi Burhanuddin, tugas Atase Militer di
Manila. Nanging ti barang dikantunkeun maot nyaeta ti
kelas 2 SD dugi ka SMA (1970-1981) ngiring ka pun
biang Ibu Eharetna Burhanuddin mulih ka kota asalna :
Majalengka. Ari ditanya pituin ti mana, sim kuring sok
ngajawab ti Majalengka bae.Lamun disaha-saha ku
kasepuhan di Majalengka, sim kuring sok ngaku incuna
alm. Bapa Camat Arnali. Tah, moal bireuk deui. Dina
taun 1981 sim kuring balik deui ka Bandung, tolabul
ilmi di Fisip jurusan HI Unpad. Samemehna kungsi di
Akpernas (ayeuna Unbar) mung teu dugi ka rengse. Ti
saprakna lulus ti Unpad, sim kuring jadi kuli di
Asuransi Bumiputera (1988), Hotel Kumala (1989-1994),
Developer Raya Incorp (katelahna PT Margahayu Raya
tea) (1994-2001). Ti taun 1998 nepi ka ayeuna sim
kuring ngahonor jadi "Umar Bakri" di sababaraha
paguron di antarana : Poltek LP3i di Jl. Pahlawan,
Poltek LPKIA di Jl. Soekarno Hatta sareng di Poltek
Ganesha/STIE PN.Sim kuring ku Gusti dipaparin dua anak
awewe, duanana can sarakola, ma'lum kakara umur dua
jeung tilu taun. (Bubuhan telat kawin jeung eta deui
dicoba ku Nu Agung, tujuh taun ngantosan si utun
injina teh.) Ari pun bojo mah wasta pun Endah, angger
hiji bae.. he, he.. (alhamdulillah ketah). Sim kuring
resep kana Basa Sunda ti bubudak keneh. Ari ayeuna mah
sok kapapancenan jadi MC atawa wawakil ti kulawarga
pikeun nepikeun biantara (kawas Andi Mallarangeng-na
dina kapresidenan SBY) khususna dina acara ngalamar,
syukuran jrrd. Alamat sim kuring sakulawarga di Jl.
Margawangi Selatan IV/196. Caket bumina Kang Ibing
sareng Pa Mamat (nu gaduh Rumah Baca tea). Tah sakitu
anu patalina sareng diri sim kuring. Manawi tiasa
nyambungkeun tali silaturahmi sareng anggota Kusnet
sanesna. Diantos pisan. Mangga. Wassalamu'alaikum wr.
wb.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

