Ua sas... mangga, Insya Allah abdi bade ngadeuheus deui ka Pa Anis 
(anjeuna sok ngabapakeun pami nyebat ka nyalira teh)  aya deui teu nu 
bade di taroskeun?  kapungkur mah anjeuna sok ngadongenkeun dulur urang 
nu di baduy, da anjeuna saurna teh di baduy dalam na oge 21 taun, janten 
terangeun pisan hirup kumbuh na dulur urang di ditu teh.
hatur nuhun,
ikmal

MSasmita wrote:

>  Waktos di Cimalati sim kuring ngobrol sareng Kang Ikmal, saurna nu apal
>kana sajarah sareng sagala rupi kasundaan di Sukabumi mah nyaeta Pa Anis
>Djatisunda.
>  Saur Pa Edi S Ekajati dina pengantar buku Sang Hyang Raja Uyeg, pantun
>Bogor kungsi dipantunkeun ku Ki Buyut Rambeng sareng Ki Cilong nu dicatet ku
>ramana kulawarga R.Moechtar Kala.
>  Ti Bapa R.Moechtar Kala nya diwariskeun boh sacara lisan boh tinulis ka
>tiluan nyaeta ka Bapa Saleh Danasasmita, Tisna Soepandi sareng Anis
>Djatisunda, carita Pantun Bogor ngawengku sababaraha bagian diantarana :
>  1. Kalang Sunda Makalangan
>  2. Ronggeng Tujuh Kalasirna
>  3. Pajajaran Seuren papan
>  4. Kujang di Hanjuang Siang
>  5. Pakujajar Majajaran
>  6. Pakujajar di Lawang Gintung
>  7. Disaeurna Talaga Ranca Maya
>  8. Dadap Malang Sisi Cimandiri.
>  9. Tunggul Kawung Bijil Sirung
>  10. Lawang Saketeng ka Lebak Cawene
>  11. Perang Sunda Panglokatan
>  12. Pakujajar Beukah Kembang.
>  Mudah-mudahan we transkripsina aya di pa Anis Djatisunda, mun tea mah
>fotokopina bisa kapimilik ku sim kuring bakal kacida bungahna.
>
>  Kang Ikmal cing upami ameng ka Sukabumi heg pendak sareng Pa Anis
>Djatisunda, punten pangnaroskeun...!!
>
>  Hatur nuhun.
>
>  MSasmita
>
>
>
>  
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke