Ceuk ustad ti UIN Syarif Hidayatullah poe Saptu kamari harti tina cara maot ku Tsunami kamari mah sewang-sewangan, kumaha masing-masing jalma. Nu can baleg atuh langsung ahli sorga, mun nu geus baleg nya kumaha kaayaan harita. Mun niatna upama neang kipayah keur kulawarga atawa elmu Insya Allah maotna kaasup keur jihad.
 
Ceuk pa ustadz urang kudu biasa-biasa we lah da titingalian nu hirup mah  sok teu pas. Contona jaman nabi Hamzah RA basa dipanah pan gumujeng da apal maotna panto ka sorga, tapi ceuk nu nempo mah pan mangkarunyakeun pedah jasadna diacak-acak nepi ka jantungna dicokot. Nya kitu ka urang Aceh nu teuleum jeung ngararambang teh boa-boa maranehna teh syahid, da nu kabayang mah dina nyanghareupan cai nu ngagolak teh aranjeuna ngagungkeun asma Allah. 
 
Jadi nu boga masalah mah lain nu geus maot tapi urang-urang nu harirup keneh. Pan teu aya jaminan maotna urang kawas aranjeuna. Cara jeung kumaha hosna jelema teu langkung Allah SWT, pan saenyana urang teh kagungan Allah jeung saenyana urang rek marulih ka Anjeuna.
 
Eta mah nyaan lain carios kuring, ieu mah sakalian bari mepeling diri sorangan meungpeung inget eusi pangajian ti ustadz UINSH. Mugi urang dina hos maot teh aya dina kaayaan khusnul khotimah. Amin.
 
Salam
Jalak Pakuan
 

asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jempol Kang...! Bener pisan, "tos tiasa dibuktikeun
yen eta AZAB atanapi MUSIBAH ?". Mesekna kudu ku dua
elmu: elmu tauhid jeung elmu alam (ayat-ayat kauniah).
Sabenerna mah duanana oge elmu ngeunaan Allah, elmu
tauhid keneh, ngan ilmu alam sok teu pati ditolih,
atawa memang maranehna teh teu nyaho kitu? Apaleun
kitu ustadz Asep teh yen aya lemah beulah nu panjangna
1000 km nu jadi episentrum lini? Apaleun kitu anjeunna
kunaon eta lemah teh bisa beulah? Naha anjeuna ngajak
jamaah milu mikir salah sahiji ayat kauniah eta? Naha
anjeuna ngajelaskeun ka jamaah yen tobat teh salah
sahijina kudu ngajanggelek dina rupa "leuwih ngarti
kana ayat kauniah"?

Hapunten anu kasuhun ka sadayana... Kuring mah tetep
teu narima dulur kuring di Aceh disalahkeun... MUI
geus ngaluarkeun fatwa yen dulur-dulur di Aceh nu
tiwas teh kaasup syahid.

AJ

--- Mang Keluk <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ah, ari saleresna mah rek disebatkeun AZAB peeeeek,
> atawa MUSIBAH heeeuuuug, da
> eta mah saukur bahasa expresi pikeun nyebutkeun
> kajadian rupa kitu. Kitu deui
> RASA anu karasa tina kalimah tadi, pan teu sami
> karaosna ku urang nya ?
> Aya nu jadi tersinggung pedah disebut AZAB atawa
> KUTUKAN, aya nu hare-hare wae
> teu jadi masalah; rek azab, rek kutukan, rek musibah
> etamah kawenangna anu Maha
> Kawasa anu ngawasa hirup urang sakabeh. Pon kukituna
> deui naha tos tiasa
> dibuktikeun yen eta AZAB atanapi MUSIBAH ?
>
> HATUR NUHUN
>
> LSSP
>
> --- Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Sigana meureun ngelingan ka urang. Yen nu ngaranna
> Azab teh lain nandang ka
> > nu salah wae. Nu bener oge meunang.
> > Beh dituna... Ngelingan ka urang supaya sagala nu
> ngaranna pidorakaeun ulah
> > wani-wani di lakonan. Khususna ka urang Bandung
> atawa Urang Sunda. Pan teu
> > lami ti hartita mun teu salah di beh kuloneun
> Sunda geus mimiti aya lini?
> > Jadi kitu meureun pamendak khotib Asep teh.'
> > Muereun, kitu oge...
> >
> > Eh... Abah Willy kumaha damang dina wanci kieu?
> Sing atos-atos, Bah.
> > Geuningan hawa pancaroba teh ayeuna mah rada
> benten. Duka teuing umur sim
> > kuringna nu tos nambihan, kitu?
> >
> > Salam baktos,
> >
> > Pun TEDDY
> > urang Pantura
> >   ----- Original Message -----
> >   From: Waluya
> >   To: [email protected]
> >   Sent: Friday, January 07, 2005 9:28 PM
> >   Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: FW:
> NEGARA-NEGARA ARAB CUEK SAJA??
> >
> >
> >   Leres pisan Kang Asep, kacida pisan jelema
> meunang musibah disebutkeun
> >   meunang azab (kutukan) ti Gusti nu maha Kawasa.
> Ngan kang Asep, geuningan
> >   lain urang Arab wae nu nyarios kitu teh. Tadi
> basa kuring jumaahan (kuring
> >   di Bandung), nu khotbah nyariosna ge kitu, ceug
> cohagna mah keuna ku
> >   kutukan!. Teuing hate teh bet jadi nyeri,
> mangnyerikeun ka Urang Aceh nu
> >   keuna musibah tapi ku dulur sabangsana disebut
> meunang azab tinu Kawasa.
> > Eta
> >   nu khotbah teh kang Asep, kuring wawuh, jeung
> tadina mah kuring hormat
> > pisan
> >   da ku nyantrina  (manehna Doctor Ilmu Kimia)
> jeung waktu kajadian di Aceh
> >   manehna pangsegutna ngumpulkeun bantuan. Tapi
> tadi waktu kuring ngadenge
> >   khotbah manehna, rasa hormat kuring ngurangan.
> Sabab ceuk kuring mah mere
> >   bantuan bari nyebutkeun kanu meunag musibah teh
> meunang kutukan ti Allah
> >   Swt, kurang etis, sarua we lamun urang ngalongok
> kanu gering, barang bere
> >   bari jeung nyebutkeun tah maneh teh gering
> kulantaran di kutuk ku Gusti
> >   Alloh!
> >
> >   Baktos,
> >   WALUYA
> >
> >
> >
>
>
>
>            
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
>
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
>



           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! � Get yours free!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke