Sok aya kembung irung teh upami ngaos di koran anu ahli Geografi, Klimatologi, Astronomi jeung elmu bumi anu sanesnya, naminya nyunda pisan contona Padmawinata, hilap deui nu sanes mah. Sanajan duka leres heunteu Sundana. Tapi dina pikiran kuring ah.....pasti we urang Sunda.

Ieu hiji kaunggulan kanggo urang, urang Sunda anu seueur resep kana elmu bumi sanaos teu seueur jalmina tapi seueur anu nyoncolang.

Abdi teu terang saha-saha wae anu ahli dina widang eta tapi sok asa nunjukeun Urang Sunda wae akan ahlina da lolobana ahlina ti Bandung jeung Alhamdulillah tina namina Nyunda pisan. Sigana anu apal mah Kyai Kanjeng Abah Oman Manar yeuh.....he..he...he..sembah sungekm!

Sami sareng abdi, nuju SD teh sok resep ningali peta buta, peta anu teu aya namian. Atanapi ningalian peta dunia paheula-heula neangan nami kota. Nya dugi ka SMA tah resep pisan, malah  mah ngitung letak bentang ge sok di titah ka hareup. Make aya istilah nadir, zenith jeung ascenciorecta sagala jeung istilah eta teh masih keneh napel.

Sigana kulantaran alam anu ngaplak di urang,anu endah anu ngajadikeun urang pohara panasaran kana eusi alam ieu. Nya ngajadikeun seueur anu ahli bari jeung sakola dina widang Geografi.

Mudah-mudahan dominasi ieu sing langgeng sangkan urang waspada sareng metik hasilna ngamumule alam khususna US. Contona Tsunami kamari pan urang upami tos ngarti kana lama mah moal hookeun teuing da tos tiasa terang tina elmuna. Di luhureun eta kakawasaan Allah SWT.

Mugia sing beuki seueur nonoman US anu ulubiung dina Geografi sabab alam urang pan tos nyitak uteuk US sangkan panasaran,sauyuna jeung alam.  US jeung alam ibarat cai jeung laukna.

 

Jalak

 



Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke