|
Baraya,
Aya kereteg dina hate kuring hoyong terang asal muasalna sanjata khas urang sunda tea yaeta KUJANG. Salain anu bentuk unik cak kuring mah nyaeta lewih pendek tibatan jeung sanjata khas seler sejen. Eta sanjata jaman karajaan naon digunakeunna di tatar sunda? jeung saha anu geus ga design sanjata KUJANG eta? Jeung deui aya hubunganna meureun nya nganran urang sunda lamun nyebat ka budak atawa ngaranan budak ku ngaran UJANG.
Nuhunkeun pituduhna..
Baktos
JB
-------Original Message-------
Date: 01/12/05 09:03:34
Subject: Re: [Urang Sunda] Toponimi Bogor
Dina basa Arab, "bokor" (aslina "baqoro"), ngandung du harti. Nu
kahiji, "baqoro" teh hartina sapi ("baqoroh" = sapi bikangna). Nu
kadua, "baqor" hartina "wadah". Imam kalima dina mdzhab Ahlulbait
kenging gelar "Al-Baqir" anu hartina wadah elmu, kulantaran anjeunna
luhung elmuna, boh elmu kaislamana atawa elmu sejenna. "Baqir" oge
sarua asal kecapna tina "baqor".
Dina agama Hndu, sapi teh apan sato anu disucikeun. Munasabah upama
ngaran "baqor" jadi asal-usul kecap Bogor? Bisa bae, upama nyoko kana
budaya (oge) agama Sunda anu sauetik lobana kapangaruhan ku Hindu.
Atuh pon kitu deui, upama eta kecap teh nyoko kana asal kecap tina
basa Arab (pangaruh Islam). Eta upama nyoko kana harti asal
kecap "bogor" tina "baqor" anu hartina "sapi" jeung "wadah".
Ngeunaan harti "baqor" salaku wadah pas oge keur Bogor harita
(Pakuan). Teu kitu kumaha, nya ieu Bogor anu sasatna ngawadahan
kahirupan jeung hudangna budaya (peradaban) US, tug nepi kakoncara ka
mana-mana, mangsa harita.
Ari asal kecap "Bogor" tina "Buitenzorg" mah enya asana jauh teuing.
Baktos,
manAR
> Leres nun....aya sababaraah versi ( nu kungsi kabaca ku sim kuring)
asal
> kecap Bogor.
> 1.Buitenzorg, pedah letah US hese ngucapkeun nu kitu nya jadi Bogor
( ngan
> asa jauh nya...buitenzorg....bogor)
> 2. Asalna tina kecap Baghar atanapi baaqar, nu hartina sapi, pedah
di jero
> Kebon Raya aya patung sapi.
> 3. Asala tina kecap Bokor
> 4. Saur Pa Cilong tea, Bogor nu hartina tunggul kawung.
>
> Dina buku Toponimi teu katangen aya katerangan anu nyebutkeun heula
mana
> kecap Buitenzorg atawa Bogor, tapi upami ningali taun di
adegkeunanan tempat
> istirahat ( titirah) gegeden Walanda dina taun 1740 dina lokasi
istana Bogor
> ayeuna disebut Buitenzorg, sedengkeun kecap bogor nu diucapkeun ku
Pa Cilong
> kakara taun 1900an , ana kitu heula keneh sebutan buitenzorg.
>
> MSas
> -----Original Message-----
> From: asep juarna [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Tuesday, January 11, 2005 1:22 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Toponimi Bogor
>
>
> Heula mana nya, Bogor atawa Buitenzorg? Aya beja cenah
> yen ngaran Bogor teh asalna tina ngaran Buitenzorg,
> siga ngaran Batawi tina ngaran Batavia.
>
> AJ
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
--------------------------------------------------------------------~->
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
|