Nyanggakeun, Carita Gunung Guntur, disalin tina Volksalmanak Soenda
taun ka-2 (1920), kaca 261.
-------------------

Ayeuna rek nyaritakeun asal mulana Gunung Agung, atawa Gunung Guntur
nu matak urug. Ari asalna eta gunung, disebutna lain Gunung Guntur
atawa Gunung Agung, tapi Gunung Kutu ngaranna. Waktu Sunan Ranggalawe,
jeneng ratu di Timbanganten, nagarana di Korobokan, kagungan saderek
istri hiji, jenenganana Maharaja Inten Dewata; eta teh rakana Sunan
Ranggalawe anu saibu sarama. Ari eta Maharaja Inten Dewata, henteu
kersa calik di nagara, kersana midusunan bae, ngan aya saurang anu
ngiring ka Maharaja Inten Dewata, pangasuhna lalaki enggeus kolot
kacida, ngaranna Batara Rambut Putih. Kacarios Sunan Ranggalawe, keur
dideuheusan ku para mantri, ponggawa jeung para abdi-abdi kabeh,
Papatih unjukan,
"Jisim abdi mendak pisitueun teu kinten pisan saena, ku emutan, upami
geus didamelan situ teh, tegalan sadayana tangtos seep dianggo sawah.
Ari nu kagungan eta pisitueun, raka Gusti, Maharaja Inten Dewata."
Sunan Ranggalawe ngadawuh,
"Gampang, lamun kitu mah."
Lajeng miwarang hiji mantri, dawuhanana,
"Maneh, ayeuna kudu leumpang ngadeuheusan ka Aceuk, dipiwarang ku
aing, nyuhunkeun eta pisitueun bade ditambak, dijieun situ, sabab rea
pihasileunana. Los, maneh geura leumpang."
Kacaturkeun eta mantri ka bumi Maharaja Inten Dewata, cong nyembah,
bari gek diuk. Mariksa Maharaja Inten Dewata ka eta mantri,
"Dipiwarang naon ku Gusti maneh?"
Mantri unjukan,
"Abdi dipiwarang ku rai gamparan manawi terang manah, eta pisitueun
disuhunkeun bade didamel situ."
Wangsul Maharaja Inten Dewata, "Unjukkeun ka gusti maneh, eta
pisitueun hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya kabetah di
tanah Korobokan teh, ngan di dieu pisan. Lamun eta dijieun situ,
tangtu kakeueum lembur aing. Los, mantri geura balik."
Ti dinya mantri tuluy wangsul.
Barang datang ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan
Maharaja Inten Dewata; dawuhan Sunan Ranggalawe,
"Kajeun ari teu dilelerkeun mah."
Heubeul ti heubeul, rea abdi-abdi nu laleutik arunjukan ku maneh,
hayang didamel eta situ, supaya abdi-abdi baroga sawah kabeh. Kacarios
Sunan Ranggalawe, dua tilu kali miwarangan neda eta pisitueun, henteu
bae dilelerkeun ku rakana, henteu tiasa maksa Sunan Ranggalawe, tina
sabab isin ku raka. Aya sahiji mantri anu pangkolotna, unjukan ka
Sunan Ranggalawe,
"Abdi mah heran ku Gusti, henteu nyaah ka abdi-abdi anu laksa rebu,
bet ajrih ku raka istri, ari pamiraos jisim abdi, Gusti teh jeneng
Ratu di Timbanganten, teu aya nu leuwih ageung ti Gamparan, sanajan
raka oge kaereh kajiwa bumi ku Gamparan. Naha Gamparan beunang
dihalang-halang, lamun kitu mah, di Timbanganten teh aya ratu dua,
hiji istri hiji pameget."
Sunan Ranggalawe sanggeus ngadangu piunjukna mantri, langkung-langkung
benduna, ngaraos yen enya eta sapihatur mantri, lajeng ngadawuh,
"Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabeh, pada marawa pacul reujeung parabot
nu rek nyitu poe ayeuna, urang tambak."
Abdi-abdi, sanggeus meunang timbalan, sumawonna anu ngadenge, nu teu
ngadenge oge nyeueung nu marawa pacul jeung pangali, jelema rewu laksa
budal ti lemburna, nuturkeun ka baturna nu loba.
Kacarios Sunan Ranggalawe angkat kuanjeun, barang sumping ka
pisitueun, tuluy nimbalan, saurna,
"Geura prak geura pigawe."
Gancaning carita, eta situ anggeus ditambakna. Malah-malah caina
enggeus leber ka lembur, Maharaja Inten Dewata kaliwat ngenes manahna,
kusabab raina nganggo sawenang-wenang. Maharaja Inten Dewata asup ka
bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji. Lajeng angkat ngajugjug ka
sahiji gunung leutik, anu deukeut ka Gunung Kutu, anu katelah ayeuna
Gunung Putri, sabab dianggo eureun ku Putri Maharaja Inten Dewata.

(hanca.....)

-- 
sikandar


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke