Haturan Kang Dahri, wilujeng patepang
 
Kajurung ku pancen kuring ayeuna ngajaga tepel wates karajaan sunda belah wetan, ayeuna rek wakca balaka naon-naon anu kaciri jeung karasa dieu. Kuring ayeuna aya di wewengkon Banyumas, dimana baheula mah wewengkon ieu teh asup keneh ka karajaan Galuh. 
 
Sajarah Banyumas
Sajarah Banyumas dimimitian ti timangsa jaman trah majapahit (panungtung) ngungsi ka Galuh, saacanna jaman Pajajaran. Rombongan pangungsi ieu oge angkena anu ngajadikeun cukang lantaran ngadegna karajaan Pajajaran anu mangrupa gabungan Karajaan Galuh jeung Sunda. Balik deui ka rombongan pangungsian ti majapait anu ngabalukarkeun "pacogregan" antukna diperenahkeun ka belah wetan karajaan diwewengkon Pasirluhur. Kadipaten Pasirluhur ieu puseur dayeuhna di belah kuloneun kota Purwokerto ayeuna nyaeta di Karanglewas (Pasir Kulon jeung Pasir Wetan). Generasi katilu atawa ka opat (disebutna incu tapi incu anu kasebut dina babad banyumas ieu teh incu dina harti "generasi ka-3" atawa dina harti "turunan" nilik dina rentang waktuna) ti para pangungsian ieu anu ngabukbak leuweung/ngababakan di Banyumas belah wetaneun Cisarayu (kaliserayu) taun 1550-an anu ngaku raja ka Raja-na Karajaan Pajang harita can aya Mataram.
 
Kadipaten Pasir Luhur
Jadi wewengkon ex-keresidenan Banyumas anu ayeuna asup ka wilayah pamarentahan Jawa Tengah ku alpukahna kumpeni (sugan!) ngarujuk ka poros politik kadipaten harita anu biluk ka Pajang diteruskeun ku Mataram lain kultur masyarakatna anu campur antara masyarakat jawa jeung sunda. Dina sajarah Banyumas oge acan aya carita anu gamblang ngenaan karajaan/kadipaten Pasirluhur ieu tapi upama ditengetan tina ngaran-ngaran tempat di wewengkon ieu urang bisa ngabedakeun antara tempat-tempat kuloneun jeung wetaneun cisarayu (Kaliserayu). Belah Kuloneun walungan sarayu loba pisan ngaran tempat anu miguna kecap-kecap "ci" tina "cai" dina basa sunda, kabiasan ieu mangrupa kabiasaan anu geun jadi budaya di tatar sunda. Diantarana tempat-tempat anu nganggo kecap-kecap "ci" : Cipawon (kec.bukateja), Cilapar (kec.kaligondang), Cipaku (kec.mrebet) eta desa-desa anu aya diwewengkon kab. Purbalingga, Cipari, Cimanggu, di Kab. Cilacap, Cilongok kota kecamatan kulonen Purwokerto. Aya deui dongeng rakyat di Banyumas anu mangrupa dongeng khas sunda nyaeta dongeng "lutung kasarung" didieu aya kasebut-sebut Kadipaten Pasirluruh anu netelakeun aya hunganan jeung karajaan sunda disebutna Pajajaran padahal jaman harita mah pastina ge masih Galuh ku urang jawa mah sok disebut Pajajaran bae. Belah wetaneun kaliserayu mah henteu kasebutkeun aya ngaran tempat anu nyunda da meureun geus rada anggang nyundana saacan jaman Arya Bangah (Hariang Bangah) - Ciuangwanara. Belah wetaneun kali serayu saacan jaman Islam aya kerajaan keutik anu ngaranna Karajaan Bagelen titinggalna mah aya keneh di meusium di Purworejo, pajarkeun mah Karajaan Bagelen ge henteu biluk ka Majapait eta mah dongeng ti babaturan kuring baheula jaman keur sakola keneh.
 
Aya deui anu bisa ngabuktikeun yen "kuloneun " kali serayu teh ka asup tatar sunda ku ayana bukti otentik "batu tulis anu aya di desa Cipaku, kacamatan Mrebet, kabupaten Purbalingga" ieu info teh katarima ku kuring ti Pa Dasiman guru urang Cipaku, ngan hanjakal kuring ge acan kungsi nyaba ka dinya teh, keun sugan kahareup.
 
Salian ti bukti-bukti anu sifatna permanen/mati aya oge anu sifatna hirup nyataana jalma anu ngaku jeung ngalaksanakeun sariat sunda, nyaeta basa jeung budaya sunda diantarana urang Dayeuhluhur, urang Majenang sawareh, Sidareja sawareh, Wanareja sawareh di wewengkon Cilacap, Bantarkawung, Salem, Jipang di Kab. Brebes oge aya masyarakat sunda. Malah Cipamali ge pan ayana di Brebes persis tungtungkota belah kulon, mangga geura perhatoskeun upami ngalangkung ka Brebes ditungtung sasak aya seratan "Kali Pemali" di Jawa mah biasa "ci" sok di ganti ku "kali" di tengah kota Purwokerto ge aya lebak anu ngaranna kalibodas meureun asalna tina cibodas da geuning di Jawa mah teu aya kecap "bodas"
 
Ringkesna
Wewengkon Banyumas anu aya di belah kuloneun kali serayu baheula mah ka asup ka tatar sunda, buktina eta tanda-tanda anu dibeberkeun diluhur. Leuwih belah dituna deui mah wates sunda teh belah kuloneun kali Brantas di Surabaya pan aya geuning aya tandana prasanti Hujung Galuh tea.
 
 
Sakitu  heula bae bisi salah.
 
 
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 18, 2005 9:59 AM
Subject: Re: [Urang Sunda]

alhamdulillah kang oman, ngawartakeun soal keris-kujang teh mani jentre. geuningan kita cariosna perkawis kujang. sakanteunan kang oman bade tumaros manawi teu kaabotan.

1. Upami milarian buku Kasundaan .... ( KRJ ) teh dimana ? di gramedia jakarta aya moal nya ?

2. Di sababaraha kacamatan di Jawa Tengah ( upami teu leupat aya 2 - 3 kacamatan ) aya oge anu nganggo basa sunda sadidintena, kumaha sajarahna eta teh ?.  Sabab kieu kang, aya di hiji tempat anu dianggep sasakala ku wargi satempat di sebat-sebat aya hubungan sareng perang bubat sagala.

____



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke