Enyaan ieu mah ngabibita teh.....katurug-turug didieu mah banjir. Kela Kang Dede naha aya kitu jaer di Mesir, jaer Mesir atanapi bawa ti TS? Cenah nu ngetop di mesir teh mangga sukarno, eta oge jaer sukarno kitu?
 
salam
Jalak Pakuan
"Ngaing rek ngapung lalaunan ka beulah kulon nempo US di Egypt"

dede preman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

BEULEUM JAER DI KONATIR

Mun seug nyawang mangsa nu kaalaman dina poe Saptu
kamari, duh.. moal kapopohokeun. Kaendahanana,
nyangcang dina ati, ngancik dina sanubari..Matak
waas..., mun ceuk urang Sukabumi mah, peureum kadeuleu
beunta karasa....(sanes kitu, lodaya..!?)

Teu rek kitu kumaha atuh dulur, botram raramean di
sisi wahangan Nil, di tengah taman Konatir, dina
kaayaan lapar nu pohara. Sangu pulen, beuleum jaer
baradag, panas keneh, dibalur ku sambel cikur. Lalabna
bonteng atah. Diuk sila nyanghareupan wahangan Nil nu
caina ngampar. Belah katuhu, pamandangan arendah ;
tatangkalan arariuh, jukut nu harejo. Angin nu mawa
rasa seger, karasa  pisan, rumayap kana pucuk
tatangkalan nu aya di dinya.

Sim kuring saparakanca, tiluwelas urang, indit ti
Musadda teh mangsa pecat sawed. Dina hawa tiis nu
nyecep. Maklum, Kairo usum tiris ayeuna teh. Ngahaja
bebekelan rada rea ; jaer atah dalapan kilo, oge
rupa-rupa opieun jeung sabangsaning bubuahan.

Konatir ti Tahrir,puseur kota Kairo, dijugjug dina
waktu sajam satengah. Eta teh mun naek parahu,
mapay-mapay wahangan. Mun ku beus mah, teu kungsi
satengah jam.

Tinu tiluwelas urang, lolobana kakara naek parahu
Konatir. "Ieu minangka pangalaman munggaran kangge
abdi mah", ceuk salah sahiji sobat dalit nu make
kupluk beureum, bari ngelepus udud bodas. Oh, paingan
atuh, hate ngagerentes. Da eta geuning, kakara ge
ningali mojang-mojang Mesir jaraplin luhureun parahu,
barudak teh meni marolotot teu ngiceup-ngiceup,
arolohok mata simeuteun.

Salila luhureun parahu, hawa tiris karasa pisan. Awak
ngahodhod, angin ngagelebug tarik naker. Tapi leuheung
mun di hateup mah, bisa bari moyan, da cahya panonpoe
karasa pisan. Antukna mah, barudak bolak balik, ciling
cingcat kaluhur kahandap.  Kuring diuk di handap,
neuteup endahna pamandangan sapanjang wahangan.
Pilemburan urang Mesir di peuntas atra katingali,
najan kahalangan ku ngaplakna cai Nil atawa pakebonan
nu ngampar. Ningali kaendahan model kitu, aya rasa nu
sumarambah dina dada, rasa nu ayem, rasa nu tingtrim.

Sanajan kitu, kuring teu kamalinaan kukaendahan. Remen
kuring ningalian tumpukan kantong keresek hideung
kolongeun korsi, nu eusina jaer atah tea, bisi leungit
aya nu nyokot...

Musadda, 15 Syawal 1425 H

=====
"....menjadi tua itu kepastian
menjadi dewasa itu pilihan..."

www.dedepermana.blogspot.com

________________________________________________________________________
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
your friends today! Download Messenger Now
http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke