Kang Asep Lepat atuh...ineu mah ti palabuan ratu sanes ti banten, tebih 
pisan ka banten mah...
sawangsulna salam deui ti Alan sareng picko...saurna
upami di perancis nuju musim naon?...
ka Kang Jamal punten ah ....


----- Original Message ----- 
From: "asep juarna" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, January 25, 2005 8:13 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan ngariung...(punteun 
panjang)...


>
> Mani capetang, lengkep, sareng ngentep seureuh Neng
> Ineu, eh Teh Ineu mah ari nyarios teh... Sae pisan
> perkenalan teh. Oge basa Sundana. Sanaos asli ti
> Banten sareng ageung di Bogor...
>
> Sim kuring oge nuju ngumbara di Perancis, bari
> ngantos-ngantos ulukutek leunca nu disurawungan tea
> sareng goreng asin (tadina mah hoyong nyebatkeun
> goreng jamal, ngan sieun ah ku Kang Jamal).
> Mudah-mudahan we aya dulur di Kusnet nu luntur galih
> ngintun. Upami teu nganggo chinook oge tiasa bae
> dikintun nganggo cilok tea...
>
> Mangga sing raos-raos bae di Kusnet, Teh Ineu...
> Baktos ka tuang raka sareng ka Picko...
>
> AJ
>
> --- Merlin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>> Akang sareng teteh sadayana di Kusnet,
>> kumaha daramang...
>> salam kenal wae ti ineu  ka sadayana....
>>
>> ''saleresna tos lami ngabandungan  ieu grup KUSnet,
>> meuni resep puguh... seueur pulungeun..nana.
>>  mung nembe ayeuna wantun nepangkeun salira,
>> isin atuh da...bilih ngisinkeun ka
>> sadayana...(hapunteun sateu acan na upami bahasa
>> sundana kirang merenah...)
>>
>>  ngawitan  nepangkeun..
>>
>> Nami Ineu Miasasra, yuswa maret payun, nembe dua
>> salapan. kawit ti Palabuan ratu ( sukawayana) caket
>> Hotel Samudra +  batu karut , tapi lami di Bogor.
>> Ayeuna kaleresan nuju janten Permanent Residence di
>> Karratha (western Australia - kirang langkung 5 jam
>> ti Jakarta- ngapung), ngiring caroge.
>> padamelan ineu biasa we kasak kusuk di dapur he he
>> he...teu acan gaduh buntut gaduh oge ucing namina
>> picko...
>> ari caroge kuli tambang, kantos lami di pongkor-
>> bogor (Kanggo  Pak Dedi Aditya Sumanagara, Pak Iwan
>> Dharma setiawan, Pak Eko Kuswandi  sareng sadaya
>> crew  PT Antam, salam ti Alan  Latter
>> tea...saurna....)
>>
>> Pun aki ( jenat)  Jua Jarkasih ( ngadangu cariosan
>> batur mah  anjeuna teh sesepuh di sukawayana
>> -saurna) aslina ti Surade - Jampang Kulon, kantos
>> ngagaduhan grup kesenian sunda katelah ""kincang
>> Sagara "" mung saatosna pun aki pupus teu aya nu
>> neraskeun. paling  pun Rama ( Hendro Suhendar )
>> masih sering ngacapi , suling na putra bibi ( Herman
>> Prabowo) sareng ...sinden na pun biang  Yetty
>> Hernawati ( Jenat).  kantun kacapi suling we ayeuna
>> mah...
>>
>> Akang sareng Teteh ...
>> meuni sedih puguh ineu teu gaduh baraya anu caket di
>> dieu..
>> nanaon nyalira, komo sasih shaum mah...shaum
>> sasarengan ge tos beurat komo nyalira  ...(tapi
>> alhamdulilah dugi ka waktos ieu masih keneh di
>> tangtayungan ku Gusti Allah anu Maha Suci
>> ...Amin...)
>> cangkelul manah lah iinggrisan wae teh..upami
>> kaleresan di jailan ku batur asa teu sumat
>> nyeuseulan batur nganggo basa inggris mah... he he
>> he...
>> .ngumbara di nagara batur teh..sok  seueur
>> ngarumasna ...dina ka emaman
>> anu puguh mah seusah milarian pais lauk asin jambal
>> atanapi beuleum layur...sareng kerecek oncom anu
>> di surawungan...ngarencangan timbel panas dina daun
>> cau,  mendakan sampeu/hui oge sataun sakali, ari
>> tarasi mah seueur mung buatan malaysia teu patos
>> peuleum jiga buatan urang-urang. aduh..meni hoyong
>> uih ka lembur...mun emut kaemaman urang sunda
>> teh...sono..sono..sono...
>>
>> ka akang akang sareng teteh sadayana di kusnet mugi
>> kersa ngintun kabar kaayaan di lembur
>> etang etang nambut soca kanggo landong sono...
>> hatur nuhun... pisan diantos...
>> sareng,
>> mugi teu kaabotan ineu ngiringan dina grup ieu,
>> nuhun oge ka Ki Kuncen ...PISAN...!
>>
>> kanggo wargi di sukabumi sareng jampang kulon salam
>> ka sadayana..!
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>
>> ATTACHMENT part 2 image/jpeg
> name=!CID__Photo0057.jpg
>
>
>> ATTACHMENT part 3 image/jpeg name=Photo0024.jpg
>
>
>> ATTACHMENT part 4 image/jpeg name=Photo0078.jpg
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
> 







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke