Ua Sas, nembe teh parantos diilo sakadang carpon teh kenging dua balikan.
Cik..cik...ngiring mairan ah....
Carpon nu kahiji :
1.Temana sae, yen kajujuran teh dipilemburan mah masih keneh aya.
2. Dina alinea kadua aya kecap teu lemek teu carek, sapalih deui abdi
sok ngadangu teu lemek teu nyarek, mana nu leres ?
3. Biasana tamu nu anyar pinanggih sok ngawanohkeun nyalira,nami, kawit, dina carios
eta asa teu mendak, panginten kecap awewe/ salaki/pamajikan salajengna tiasa
digentos ku namina si eta tamu.
4. Aya kecap anu kedah diedit deui, sapertos teh diserat the, ceuk diserat cek.
 
Carpon kadua :
1. Upami ditingal tina tokoh tokohna sapertos kang Sobri anu masih janten tukang
ojeg, carios ieu sapertos carnyam (carita nyambung) sanes carpon deui, ngan benten
episod wungkul.
2. Manawi teh, leungiteun kalangkang nu kaalaman ku kang Sobri teh mung ukur kiasan
tapi geuning leres leres kajantenan, naha kalebet fenomena goib kitu.
3. Si ua edun euy ! hehe
 
Tos ah, bilih seueur lepatna hehe
SR
----- Original Message -----
From: MSasmita
Sent: Tuesday, January 25, 2005 3:12 AM
Subject: [Urang Sunda] Carpon

Kamari teh nampa SMS ti MJ supaya Carpon kuring dikirim ka Cupumanik.
Puguh we korah koreh deui, da geus poho dimana nyimpena, alhmadulliah kapanggih.
Carpon teh dibaca deui, rarasaan teh atah keneh pisan, rek dikirimkeun teh hate asa nogencang.
Tah ieu aya dua carpon, ieu carpon teh dijieun basa kuring masih dines keneh di Surabaya, nyobaan nulis tamba kesel ari teu mulang ka Bandung.
Dikirim ka ieu milis teh sugan we aya nu kersa maca, cik pang-ilo-keun, baheula ge kungsi dikirim ka ieu milis, dikirim deui ayeuna pedah we loba balad anyar, sugan kersa pang-ilo-keun.
Nuhun


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke