Ngiringan ah baraya Assalamu'alaikum wr.wb.
Nyarioskeu Islam sareng idiologi dapon kitu perkawis demokrasi sareng humanisme eta perkara anu matak resep jeung jero panalungtikanana. Ari spamendak sim kuring mah Islam teh mangrupakeun idiologi (mabda) naon margina nyaeta nyandak tina salah sawios makna Laa Ilaaha Ilalloh anau hartosna laa hukma ilalloh sareng laa ghoyatu ilalloh. Eta dua makna teh ngandung hartos yeun saenyana mung Alloh wungkul anu ngagaduhan hak ngapimilik hukum sareng mung Alloh wungkul anu ngagaduhan hak janteun tujuan akhir tina sadaya amal perbuatan manusa. Dina leresan ieu sapertos halna idiologi komunis, kapitalis sareng nasionalis tangtu ngiket ngawujudkeun sagala rupa aspek-aspek kahirupan teh kudu luyu sareng ajaranana. Nya kitu deui atuh Islam mah jelas pisan ceuk paripaos mah tisabarang muka soca dugi ka nutup soca eta sadaya kagiatana teh kedah didadasaran ku nilai sareng tuntunan Islam.
Upami ditinggal dina surat As-Shoff ayat 10-12 didinya dijelaskeun aya salasawios makna liyudhirohu aladdienu kullih anu maknana" Islam kedah dikengengkeun tina sagala rupa dien anu sanesna" . Ari dina terjemah depag mah disebatkeun Agama Islam teh kedah dikengengkeun tina sagala rupa agama sanesna. Dina leresan ieu ulama As-syahid Sayyid Quthb nguningkeun dina tafsirna Fie Dzilalil Qur'an yeun anu dimaksud dien teh nyaeta sagala rupa aspek kahirupan ti ngawitan idiologi, politik, ekonomi, sosial sareng budaya. Ku ayana kitu anjeuna nyebatkeun yeun Islam teh kedah manggung ngawujudkan sadaya tatanan kahirupan didadasaranan ku Islam.
Cag sakitu heula baraya
Salam
Asep Noor
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hoyong ngasah otak ah.
Aya hal anu ku urang kedah diperhatoskeun.
Demokrasi jeung humanisme anu ayeuna diagul-agulkeun
teh, dadasarna pan tina praktek sapopoe anu kungsi
dilakonan ku sawatara bangsa, atawa sakalompok jalma.
Tina pangalaman eta terus dijieun katangtuan umum
pikeun jadi cecekelan. Kusabab dina praktekna teh
kawates ku ayana budaya, lingkungan satempat, anu boga
cirina masing-masing, tangtuna oge teu bisa persis
ngalaksanakeun demokrasi jeung humanisme siga anu
dilaksanakeun ku kampiun demokraasi (Amerika Serikat,
contona).
Dina ajaran Islam jelas aya ayat-ayat anu pakait kana
perkara Demokrasi jeung Humanisme. Ayat-ayat eta ti
Jaman Nabi nepi ka ayeuna tug nepi ka kiamat moal
bakal robah. Para sahabat Nabi ngalaksanakeun
demokrasi jeung humanisme, didasarkeun kana "tafsiran"
ayat-ayat anu aya di Alqur'an, di"sesuaikan" jeung
kaayaan dina danget harita. Naha praktek demokrasi
jeung humanisme anu dijalankeun ku para sahabat teh
identik jeung ajaran Islam?
Sigana faktor "Sikon" (situasi jeung kondisi) jaman
mangaruhan kana perkara mraktekeun demokrasi jeung
humanisme anu saluyu jeung ajaran Islam.
Punten upami ngacapruk teu nyambung jeung jejer anu
dupedar kang Asep.
baktos,
mrachmatrawyani
--- asep juarna <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Nya ceuk nu ngagem agama Isalam mah tangtuna Islam
> teh
> ideologi, sakumaha definisi kadua anu diseratkeun ku
> Kang Tantan.
>
> Aya dua perkara nu ceuk kuring mah masih keneh perlu
> ditalungtik jeung didefinisikeun: Islam jeung
> Demokrasi, Islam jeung Humanisme.
>
> Islam jeung Demokrasi
> ---------------------
__________________________________
Do you Yahoo!?
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give underprivileged students the materials they need to learn.
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

