Satuju pisan kang yud, urang teh keudah yakin yen agama nu kuurang dianut teh keudah nu pangbenerna, lamun nganggap agama batur aya dina kabenaran oge anu kualitasna sami mah atuh jadi bingung. Saur sim kuring mah memang Islam teh agama anu pangbenerna sareng panglengkepna. Urang sadaya tangtos terang yen Nabi Muhammad teh dipiwarang janteun rasul salah sawiosna kanggo nyampurnakeun ajaran Allah.
Rasul oge nganggap yen agama lain saacan Islam teh benner, tapi benerna keur jamanna. Yahudi bener keur jaman nabi Musa, tapi waktu Nabi Isa dongkap anu ngalereuskeun agama Nabi Musa keudahnamah ajaran anu bener teh jadi ajaran anu dibawa ku Nabi Isa, kitu oge jeung Islam. Ari pamadegan yen masing-masing ajaran agama nitah ummatna kanu bener eta mah tos pasti da datangna ti Allah keuneh, tapi naha urang rek keukeuh tetep ngabenerkeun hiji ajaran anu jeulas-jeulas aya ajaran anu tos disampurnakeun. Dina kahirupan sapopoe oge urang pasti ngalaman hal anu kitu. Aturan-aturan anu geus aya bener salami can aya aturan-aturan anyar anu sampurnakeun. Maksad sim kuring teh, ulah karena urang hayang ngahargaan batur jadi ngabenerkeun ajaran agamana. Ari sikap bertegangga jeung kayakinan hiji hal anu teu bisa dicampur adukeun. Hade kabatur mah perlu da eta anu diajarkeun ku agama urang oge. Tapi ulah lantaran ngarasa pangbenerna terus moyokan batur. Memang Islam teh hese, urang ngabela poyokan batur sok dianggap ambek-ambekan. ngabela kaadilan malah sok dituduh teroris, padahal saha anu ngabomna mah teu jelas teuing. Eta we istri-istri Islam ngangge Jilbab image anu dimunculkeun teh geuning pengekangan, ari suster-suster mah disebatna teh malah pengabdian. Sing sabar wae, geuning kieu nasib urang Islam ayeuna mah. Hiji mangsa geu dunia mah bakal robah. Dani Ibrahim ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

