Ari sim kuring mah katarik teh sanes ku soal Nabi Isa AS Disalib 
atanapi henteu tapi eta ku maca situs ieu nganggo basa sunda nu 
sakitu hadena, nu ngabuktoskeun urang Nasrani diajar budaya sunda 
kalawan serieus benten jeung urang Islam nu jigana teh teu pati 
malire kana kasundaan. Abah Surya kapungkur kantos ngawartosan cenah 
di Sastra Sunda UNPAD kantos aya mahasiswa Nasrani nu dibeasiswaaan 
kanggo diajar basa Sunda (leres henteu Neng Empup?). Atuh kamari 
basa kuring mukaan majalah CUPUMANIK nu dipanglangganankeun ku MJ 
(nuhun MJ), aya sajak-sajak meunang barudak. Kacida kuring helokna, 
geuningan aya dua sajak nu dikarang ku barudak ti SMP Santo Yusuf 
Cicadas Bandung. Sanajan murid di SMP Santo Yusuf teh acan tangtu 
kristen sadayana, ngan ieu hiji buktos ieu sakola mere perhatian 
gede kana Basa Sunda.

Kabeneran, kuring boga budak tilu, kabehanna oge keur SDna 
disakolakeun di Sakola Islam , malah nu pangleutikna mah masih di SD 
eta, kakara kelas dua. Tapi asana teh asa kurang dina pangajaran 
basa Sunda kitu deui dina hal kasundaan. Komo dina kurikulum nu 
ayeuna, henteu aya pelajaran Basa Sunda. Duka pedah ieu SD muridna 
seueur sanes urang Sunda jeung nu bogana lain urang SUnda kitu 
(Muslimin Nasution)?

Kuring oge kungsi helok jeung kaget waktu kuring juma'ahan di Masjid 
di dareah Ciawi Bogor jeung di Cibadak Sukabumi. Helok jeung kagetna 
teh eta ku pedah khotbahna make basa Arab ti mimiti tepi ka 
anggeusna!. Atuh kuring teh ngarasa jadi "Cina dipangwayangkeun", 
teu ngarti sapotong-potong acan naon nu dikhotbahkeun. Balik 
juma'ahan, kuring sura-seuri sorangan, inget ka dongeng pun aki. 
Cenah mah jaman baheula, kulantaran khotbahna kudu make basa Arab, 
pas nu biasa khotbah gering teu bisa datang, anu jarumaahan pada 
bingung, untung aya Arab mindring ngaliwat (Arab rentenir tukang 
nginjeum-nginjeumkeun duit di pilemburan), langsung ditarewak, 
dijagragkeun dina mimbar sina khotbah!

Punten ah....ngiringan ngacaprux jiga MJ!

-WALUYA-  

  

--- In [email protected], "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> Kumaha yeuh?
> Coba geura klik:
> 
> http://www.the-good-way.com/inz/sunda/salibet0.htm






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke