Filsafat Sunda
Baktos ka para wargi, hapunten weleh terlambat jeung terlambat weu pribados ngiring icuk kibung kieu teh. Manah mah hoyong unggal dinteun bermesraan di Mailist teh tapi dalah dikumahakeun, tos terjebak kana banalitas keseharian ku kedah milari recang sangu di jalanan (biasa di urang mah elmu teh teu aya hargaan), kutan kieu nasib buburuh teh (wah janteun emut Schopenhauer, �hirup teh geuning pikasieneun�, terus Marx anu nyarios �anu dialektika teh sanes Roh tapi materi�, ngabalikeun tesis Hegel ngenaan historisitas manusia modern), kecuali para wargi bade ngabantosan ngadamel �posko peduli pribados� ku masihan kesempatan /informasi kanggo menikmati indahnya hidup lewat kerjaan sambilan (ha..ha�, janteun emut si Foucoult sareng Habbermas anu nyebatkeun yeun �urang teu lepas tina kepentingan-kepentingan, sehingga niat suci teh rada ka bentur tembok pangabutuh� (sok asa panas hate, dulur urang anu Katholik mah mempelajari setiap ilmu, terutami filsafat teh di cumponan sagala kaperyogianana, mung si individu kedah konsentrasi diajar, maca, jeung nulis. Mun urang mah kedah adug lajeur�tarik jabrik)
Balik deui kana hanca bahasan, �agama, filsafat katut cara hidup urang sunda� pribados ngaraos etnis sunda teh lir ibarat buih ombak di lautan. Loba tapi teu aya bekasna. Jumlah penduduk sunda kirang langkung 37 Juta, tapi minimal (tina parameter kekuasaan) gening sok kaselek ku etnis-etnis lain. Punten ah, sanes bade ngabangkitkeun unsure-unsur cahuvanistic ala sunda tapi ku margi berehan teuing kabatur urang mah noyod weuh di pe�ngker, janteun budak tur teu weleh janteun pecundang (waduh mani sarkas). Handap asor teuing dugi ka, teu wantun ngarebut hak pikeun nanjeur. Ngelehan teuing dugi ka terus we di ekspoitasi pikeun kepentingan non-sunda.
Nu paling mendasar saleresna aya semacam prototype anu bersifat deterministic (given/takdir pami di sederhanakeun mah) yeun urang sunda mah religius teuing dugi ka hilap ngabahas masalah-masalah dunya. Irasionalitas Sunda di bawah Suku Jawa (teu sapertos kejawen anu janteun urat nadi kahirupan sehari-hari), tapi geuning terus-terusan aya dina kelek penguasa dengeun (suku anu sanes, kahade sakali deui sanes bade promosi chauvinistic ala sunda).
Aya anekdot anu lucu, kalresan guru pribados ahli dina filsafat Klasik di kampus kantos nyarioskeun:
�Waktos pemimpin tertinggi Indonesia milari wakil-na, fit and proper test mulai di galakeun meski bersifat pribadi jeung teu di ekspos ka luar (sapertos fit and proper test di wakil rakyat anu hilir mudik ku duit tur selimut haneut). Ibu negara kaleresan anu nyeleksi calon wakil-wakilna. Dongkap si X, teras di taros 1+1 sabaraha?, kumargi si X lulusan luar negeri si X ngawaler 1+1 = 2 gagal, teras si Y ku pertarosan anu sami waleranana oge sami 2, teras sapertos kitu dugi ka dongkap si Z anu kawit ti sunda. Waleran si Z yeun 1+1 nyaeta �kumaha ibu wae� janteun credit point dugi ka manteuna diangkat janteun wakil eta pemimpin�
anekdot teu lucu di luhur saleresna mung bade ngabedah yeun mentalitas urang sunda teh mangrupikeun mentalitas anu ngajaga keselarasan kosmis ku �ngiringan bae�. Janteun teu lepat panginteun pami salian berehan, handap asor, getol ibadahna, urang sunda oge gaduh mentalitas Budak (ieu mah nambut bahasa si Nietzche) anu �kumaha ibu bae� ditambih ku pribados sareng mentalitas �pundungan�. Kumaha lur, akur teu?
Bravo, Laa TAkhzan Innallaha Ma�ana
BAktos
Pun Adi
Herdis
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

