enya cenah, ngaran 'asep' teh nenehna alias ngaran lalandian kadeudeuh. ngan kulantaran di urang mah taya aturan nu tangtu, jigana tacan aya buku 'manual' pikeun panduan nyieun ngaran, nya eta ngaran nu satadina nenehna jaman keur budak teh kababawa nepi ka kolot.
kuring boga balad jaman sakola, ngaranna 'ujang', urang sumedang. ayeuna eta si sujang teh jadi guru di bandung. nya ku budak asuhanana sok disebut 'pak ujang'. oge boga dulur, anak ua, ngaranna ade jeung nyai. kusabab aya undang-undang pancakaki, nu diparancahkeun pikeun nyebut ka dulur anu aya patali getih, nya ka anak ua teh kuring dudu nyebut 'kang ade' jeung 'ceu nyai'. heuheuy, aya 'pak asep', 'pak ujang', 'kang ade' jeung 'ceu nyai' atuh. ongkoh 'bapak' tapi 'asep' jeung 'ujang'. ongkoh 'akang' tapi 'ade', ongkoh 'euceu' tapi 'nyai'. kabiasaan ngaran jiga di luhur teh, jadi rada hese upama ngaran dipake pikeun identitas pangbeda. eta we geura, upama jaga geus cueut kaharep, nu keur jaman ulin jeung leutak sok disebut 'si asep', 'si ujang', 'si ade', jeung 'si nyai', uapma geus paketrok jeung iteuk baris dilandi jadi 'abah asep', 'aki ujang', 'mama ade' jeung 'nini nyai'. hesena neangan identitas nu kagambar dina ngaran teh, jigana di urang mah geus jadi kabiasaan. sabab teu saeutik, ngaran teu pati ngagambarkeun atawa teu pati ngawakilan nu digambarkeunana atawa nu diwakilanana. contona pajeg motor jeung mobil, nu di batur disebut 'road tax' atawa 'cukai jalan', di urang mah apan disebut STNK (surat tanda nomor kendaraan). upama make harti eksplisit mah, weleh moal katimu yen STNK teh pajeg jalan. kitu deui bayaran sakola nu dibatur disebut 'iuran' apan di urang mah disebut 'sumbangan'. tapi kulantaran jalma mah 'prosesor'-na lain meunang nyieun 'intel' atawa 'amd' anu togmol teu kaci midua (ambiguous), tapi beubeunangan NU MAHA NGERSAKEUN, nya teu kagambar ku harti ekplisit oge bisa disurahan ku harti implisit. ari harti implisit tea apan heunteu hiji, kumaha nu nafsirkeunana wae. salam, MH --- asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ceuk cenah mah ari ngaran teh warisan munggaran ti > indung bapa. Ngarasa bagja boga ngaran Asep teh, sok > sanajan ceuk sajarahna mah, cenah eta oge, ngaran > Asep nu dilarapkeun ka kuring eta teh ngan saukur > nenehna atawa panyaluk deudeuh (panggilan sayang). > Teu rek bagja kumaha atuh da, kuring jadi teu bisa > nyumput tina kasundaan, moal aya nu nyangka kuring > urang batak siga Ki Hasan... > > AJ ===== dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/ __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - You care about security. So do we. http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

