Basa poe sabtu iraha mah, kuring ngahajakeun ka sukajadi sosoranganan. Teu
pira perlu sendok keur di klinik. Keur mah eukeur ngan salosin sendok teh,
tapi hambur teuing ka mana. Kuralang-kuriling, anjog ka hiji toko nu rada
sepi. Ngahaja, da ka toko nu rame mah enya ge murah tapi sok tara kaladangan. Murah tapi lila nungguan diladangan kacangkeul-cangkeul.
Nu jaga toko teh engkoh-engkoh geus rada kolot tapi katingali apik tina
pakeanna mah. Pok teh ceuk kuring "... koh boga sendok akan....?". ari
jawab si engkoh ".. aya cep, peryogi sabaraha rupina...?". kuring rada
molohok sakedapan mah, sabab karek harita panggih jeung cina basa sundana rada lemes. Guntreng wae ngobrol jeung si engkoh ngimbangan babasan na. Beres, tuwar tawar si engkoh pok deui ".. ngersakeun atuh ku nyalira, teu sareng rayi..?". Gusti si engkoh hebatlah... aya oge geuning cina nu mantes pake basa sunda. Najan cina tapi make basa sunda ngamenak.
Ari kamari mah pun aki, di opname di rumah sakit. natangga jeung pasen cina geus kolot, meuni ngabrul nu ngalongokanna. Teuing anakna, incuna, alo, minantu reang ngajak ngobrol ka eta pasen. Ana kitu aya nu ceuleungkeung kieu "... pa kumaha karasana, deuk lalajo tipi moal...?", nu sejen deui teuing ngomentaran naon ka si pasen teh tapi kieu ceunah ".. tong loba dipake atuh huntuna mah, ke dicarekan dokter, dahar bubur we da seubeuh...", "geus pa isuk sayah ka dieu deui, sing gancang ageur nya...". jsst
gussssstiii..." ieu mah cina teh beda deui, enya beunghar tapi eta babasan ka kolot mani teu diukur, enya ge diajar sundana ti jalan. Ceuk mang cici mah "teu berbudaya...". ari ngaran wni hayang make Kartadilaga, wirasurya... wah pokona ngaran2 gegeden lah, tapi ambuing... basana mani jauh ti gegeden. Bapana kang nana babaturan kuring rada kasigeung sababna eta wirasurya ngaran kulawargana dipake ku engkoh2...
--M.Dedy Friady--
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

