|
Basa poe sabtu iraha mah, kuring ngahajakeun ka sukajadi sosoranganan. Teu
pira perlu sendok keur di kantor. Keur mah eukeur ngan salosin sendok teh,
tapi hambur teuing ka mana. Kuralang-kuriling, anjog ka hiji toko nu rada
sepi. Ngahaja, da ka toko nu rame mah enya ge murah tapi sok tara kaladangan
Murah tapi lila nungguan diladangan kacangkeul-cangkeul.
Nu jaga toko teh engkoh-engkoh geus rada kolot tapi katingali apik tina
pakeanna mah. Pok teh ceuk kuring "... koh boga sendok makan....?". ari
jawab si engkoh ".. aya cep, peryogi sabaraha rupina...?". kuring rada
molohok sakedapan mah, sabab karek harita panggih jeung cina basa sundana
rada lemes. Guntreng wae ngobrol jeung si engkoh ngimbangan babasan na.
Beres, tuwar tawar si engkoh mere pok deui ".. ngersakeun atuh ku nyalira,
teu sareng rayi..?". Gusti si engkoh hebatlah... aya oge geuning cina nu
mantes pake basa sunda. Najan cina tapi make basa sunda ngamenak.
Ari kamari mah pun aki, di opname di rumah sakit. natangga jeung pasen cina geus
kolot, meuni ngabrul nu ngalongokanna. Teuing anakna, incuna, alo, minantu
reang ngajak ngobrol ka eta pasen. Ana kitu aya nu ceuleungkeung kieu "... pa kumaha
karasana, deuk lalajo tipi moal...?", nu sejen deui teuing ngomentaran naon ka si
pasen teh tapi kieu ceunah ".. tong loba dipake atuh huntuna mah, ke
dicarekan dokter, dahar bubur we da seubeuh...", "geus pa isuk sayah ka dieu deui, sing gancang cageur nya...". jsst
gussssstiii..." ieu mah cina teh beda deui, enya beunghar tapi eta babasan
ka kolot mani teu diukur. ceuk mang cici mah "teu berbudaya...". ari ngaran wni hayang make kartadilaga, wirasurya... wah pokona ngaran2 gegeden lah, tapi ambuing... sikepna mani jauh ti gegeden. Bapana kang nana babaturan kuring rada kasigeung sababna eta wirasurya ngaran kulawargana dipake ku engkoh2...
--M.Dedy Friady--
|