Title: Message

Wilujeng Kang Iyan…!!

Mugi elmuna mangfaat kanggo balarea khususna kanggo US.

Wilujeng…..!!!

 

MSas

 

-----Original Message-----
From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, March 03, 2005 6:18 PM
To: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] wisuda kuring

 

Wilujeng sonten para wargi sadaya.....

Puji sinareng syukur di panjatkeun ka ALLOH SWT,

Alhadulillah dina dinten saptu kamari kaping 26 februari 2005,

simkuring ngalaksanakeun wisuda ngahontal cita cita anu ti leuleutik di pikahayang, tah ayeuna geus kalaksanakaeun

tur aya hiji anu matak senang, kumargi abdi teh mangrupikeun lulusan anu munggaran sarjana elektro di kampus, di Kota Batam, sareng di Prov Kepri

tah ieu salah sahiji kabanggaan kanggo abdi sareng hiji deui anu nyenangkeun teh nyaeta abdi mangrupikeun lulusan sarjana terbaik tisadayana anu di wisuda dina dinten eta, sanes sombong.......ampun paralun teuing kedah sombong mah.

ngahaturkeun nuhun special kanggo Indung Peuting ( Teh Tien ) anu parantos ngarojong masihan sumanget ka abdi  

tug dugi ka ayeuna janten sarjana Elektro. abdi reueus ka Teh Tien sok sanaos teu acan patepang raray pa amprok jonghok

tapi masihan dorongan moril kanggo ngabereskeun janten tukang insinyur.

Sok sanajan umur geus kolot oge kuring maksakeun da hayang ngahontal cita cita baheula jaman keur SD di tanya ku Guru

poto anu kahiji di photo sareng raka anu pang ageungna ( A' UCU ), upami anu kadua sareng keluarga.

putri anu pang ageungna namina Resti sareng anu kadua namina Rista. upami pun bojo anu di tengah namina Teh Ika.

Hatur nuhun kasadayana anu parantos ngarojong ka abdi dina ngahontal cita cita ieu.

 

cag ah,

Kang Iyan anu nuju senang.

beres ngahontal cita cita keur leutik.


 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke