Assalamualaikum wr. wb.
Kumaha daramang para wargi...??, mugi-mugi bae sadayana aya dina kawilujengan.....
Punten yeuh, sanes maksad bade nyamplangkeun padungdengan perkawis "istri Sunda" sareng "Pacengkadan sareng Malaysia", anu nuju haneut-haneutna.
Ngilo postingan sabaraha dinten kapengker, rehna Pemda Jabar parantos ngembarkeun dina taun 2006 basa Sunda bade diajarkeun deui disakola-sakola disakuliah Tatar Sunda/Jabar.
Saluyu sareng tujuan milis "urangsunda/Kusnet", anu maksadna pikeun ngamumule "Basa sareng Budaya Sunda".
Raraosan asa teu kaleuleuwihi, upami eta embaran ti Pemda Jabar, kuurang sabage
kumpulan "urangsunda", disokong/dibantos, kugawe nyata anu kadada-kaiga/katangaan sareng kawaragadan kuurang. Cik gawe naon kinten-kintenna..?.
Sim abdi gaduh usulan sareng umajak kawargi anu saikhwan, satujuan sareng sapagodos ;
Kumaha upami Kusnet + YP, dina taun 2006 ngayakeun "Pasanggiri Tembang Pupuh" kanggo murangkalih murid SD sareng SMP (samentawis..).
Waktosna ; dina pere kwartalan atanapi pere samen.
Tempatna ; tangtoskeun kuhasil padungdengan..
Waragad ; Urunan/sumbangan anggota milis + YP + biaya daftar (administrasi) anu ngiring
pasanggiri.
Ngahaja ieu usulan diuar-uar titebihna, kumargi meryogikeun waragad anu rada badag kanggo ;
1. Nyewa tempat pasanggiri
2. Hadiah kanggo para juara pasanggiri
3. Ngembarkeun dimedia serat
4. Ssjb.
Tekhnisna urang padungdengkeun ka payun.
Atanapi aya usulan anu sanes......???
Bobot pangayon timbang taraju, mangga nyanggakeun kasadayana...
Samentawis sakitu heula.
Wassalam
ssw
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

