Naha kunaon ari ibu rumah tangga bet teu disebut wanita karier? 
Kunaon ari pagawean di imah samodel masak, nyeuseuh, ngepel, beberes, 
jeung ngerjakeun sagala rupa pagawean imah teu disebut digawe?? Apan 
sarua eta oge pagawean sapopoe nu kudu dibereskeun. Malah ceuk kuring 
mah leuwih mulia pagawean ibu rumah tangga nu sagala ku anjeun, bari 
mun geus boga budak, kaurus budak dina sagala rupana.. 
Tapi naha pagawean nu dilakukeun ku pamajikan nu teu digawe 
dikantoran, atawa jadi naon jadi naon lain disebut pagawean? Malah 
leuwih beurat ibu rumah tangga atuh dibandingkeun wanita karier nu 
digawe dikantoran mah.. 

Kadang-kadang ari nu jadi wanita karier mah cul budak, budak sina 
diasuh ku batur, meureun asuhan batur mah beda jeung asuhan urang nu 
jadi kolotna.. 

Matak tong disapirakeun tong diapilainkeun, jiga misalna aya lalaki 
nu ngomong "Da pamajikan aing mah teu boga gawe, di imah wae".. ceuk 
saha di imah teu gawe? da di imah teh loba pagawean.. ngan meureun 
memang pagawean nu euweuh buruhna, nu teu digajih, ari hasil mah aya, 
imah jadi beresih, budak kaurus, sagala geus beres.. nyaeta atuh ari 
pagawean domestik mah kasebutna cenah pagawean rumahtangga nu kaasup 
pagawean awewe, tapi teu ngahasilkeun duit.. Sabenerna mun ceuk dina 
konsep 'kemitraan gender' mah, pagawean samodel kitu teh 
tanggungjawab lalaki boh awewe, jeung dina sudut pandang ekonomi 
jeung sosial leuwih2 ngabogaan niley saperti halna pagawean sejen..


~ipup~






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke