*************************************
Bismillah!

Haturan kum na baraya salembur Kusnet,

Kapihatur Kang Ganjar nu dipikahormat,

Kang..... panginten, pami teu kaabotan sareng aya panujuna ti baraya
Kusnet, panginten PS teh dikintun bae ka sim kuring ngalangkung
POSKANDIP (Diplomatic Bag) ka KBRI Abu Dhabi, salian mapas waragad
kanggo ngintunna oge insya alloh salamet katampina.

Salajengna insya alloh ku kuring sejana diniatan lan dilumakukeun
dikeureuyeuhan pikeun di-"scan" (da ayeuna mah di kamar teh tos sayagi
komputer sareng "scanner"-na).
Salajengna mugia bae dipupuhuan ku Mang Hardja, urang digitalisasikeun
tea PS teh kucara rereongan siga proyek Si Roesdi Jeung Misnem & TQBS
tea.

Panginten sakitu heula anan nu kapihatur Kang!. Insya Alloh urang
teraskeun kapayunna.

Baktos,

-pun adi-
**************************


On Thu, 10 Mar 2005 16:35:28 +0700 (JAVT), Ganjar Kurnia
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Kadang wargi anu dipihormat,
> 
> Sim kuring parantos r�ngs� moto copy PS. Kumargi mung hiji eksemplar (ampir 
> 1000 halaman) janten teu tiasa nedunan sadaya pamundut. Kukituna nyuhunkeun 
> kumandang ka sadayana, kedah ka saha pisa�eunana �ta majalah dikintunkeun, 
> utamina ka anu leres-leres kersa ngalihkeun dina wangunan digital.
> 
> Wassalam.
> 
> Ganjar Kurnia


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke