oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kalayan Asma Alloh,

Haturan Kang Ganjar, hapunten mairan jejer anu penting ieu ti salira sakantenan bae didieu, mairan oge pamairan ti alo Rudi (pituin, punten ngaalokeun da kitu kahoyongna).

Sateuacanna, kalintang sim kuring ngahatur-nuhunkeunana, Kang Ganjar dina sela-sela waktu anu samporet tangtosna ku kasibukan pancen nagara, parantos ngersakeun ngagandakeun eta pustaka anu kalintang ageung ajenna. Pamugi bae manfaatna wuwuh nambih-nambih.

Kanggo saterasna, nyoko kana panggero salira, mangga sim kuring ngiringan, saupami eta pustaka anu parantos digandakeun dikintunkeun ka Kang Rudi, kalawan (jangji nya alo Rudi, engke salira ngagandakeun deui ku cara discan). Atuh saterasna, alo Rudi parantos gilig bade ngalajuninglaku eta bahan kana wangun digital sasarengan sareng Kang Hasan.

Satadina mah si kuring rada miharep sangkan eta bahan teh dikintunkeun ka kisunda (ngalamngkungan alamat si kuring), namung aya hiji-dua kahariwang. Anu kahiji, hariwang boh bisi di (dapur) kisunda heunteu samakta anu bade midamelanana. Kahariwang kadua, kungsi aya pangalaman dikintun bahan anu kalintang pentingna ti Australi ku rerencangan, nyaeta....teu dugi.....duka ngereles dimana.

Aya kamungkinan sejen. Upamana bae Kang Hasan nyuhunkeun sangkan eta bahan dikintun ka anjeunna. Lebah dieu si kuring oge sapuk, ningal karancageanana Ki Hasan dina ngadigitalisasikeun bahan-bahan pustaka kasundaan atawa basa Sunda, boh ku nyalira atawa ngakoordinasikeunana. Kukituna, sangkan sauyunan sadayana, mangga atuh Kang Hasan sareng alo Rudi badami bae. Insya Alloh kacindekanana baris nyugemakeun udarang sadaya.

Kumaha upama kitu baraya? Sapuk? upama sapuk, mangga heunteu kedah dilami-lami, sae dikintun bae ka Kang Rudi atawa Kang Hasan (Malaysia), saparantos aranjeunna badami.

Baktosna,
manAR


Pituin <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
*************************************
Bismillah!

Haturan kum na baraya salembur Kusnet,

Kapihatur Kang Ganjar nu dipikahormat,

Kang..... panginten, pami teu kaabotan sareng aya panujuna ti baraya
Kusnet, panginten PS teh dikintun bae ka sim kuring ngalangkung
POSKANDIP (Diplomatic Bag) ka KBRI Abu Dhabi, salian mapas waragad
kanggo ngintunna oge insya alloh salamet katampina.

Salajengna insya alloh ku kuring sejana diniatan lan dilumakukeun
dikeureuyeuhan pikeun di-"scan" (da ayeuna mah di kamar teh tos sayagi
komputer sareng "scanner"-na).
Salajengna mugia bae dipupuhuan ku Mang Hardja, urang digitalisasikeun
tea PS teh kucara rereongan siga proyek Si Roesdi Jeung Misnem & TQBS
tea.

Panginten sakitu heula anan nu kapihatur Kang!. Insya Alloh urang
teraskeun kapayunna.

Baktos,

-pun adi-
**************************


On Thu, 10 Mar 2005 16:35:28 +0700 (JAVT), Ganjar Kurnia
<[EMAIL PROTECTED]>wrote:
>
> Kadang wargi anu dipihormat,
>
> Sim kuring parantos r�ngs� moto copy PS. Kumargi mung hiji eksemplar (ampir 1000 halaman) janten teu tiasa nedunan sadaya pamundut. Kukituna nyuhunkeun kumandang ka sadayana, kedah ka saha pisa�eunana �ta majalah dikintunkeun, utamina ka anu leres-leres kersa ngalihkeun dina wangunan digital.
>
> Wassalam.
>
> Ganjar Kurnia


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/





Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke