Haturan Kang Asep,
Panambih ngeunaan buku-buku rujukan sajarah Sunda. Sajabi ti anu diiberkeun ku Kang Kumincir, ngainformasikeujn oge yen translate Naskah Wangsakerta (NW) salaku rujukan sajarah Sunda kana basa Sunda salengkepna aya di Perpustakaan Sribaduga Maharaja, Tegallega, Bandung. Atuh tina eta naskah, sababaraha ahli sajarah Sunda, parantos nyerat buku sakumaha anu diiberkeun ku Kang Kumi, kalawan panambih, hiji deui, nyaeta yasana Kang Saleh Dananasasmita saparakanca.
Ieu buku anu akhir disebat di judulan "Rintisan Penulusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB), sadayana aya 4 jilid araripis (font huruf : alit). Sok sanajan ieu buku disusun ngalangkungan kaproyekan ti Pemda Propinsi Jabar, namung katawisna digarap kalawan daria. Aya kapiemang di sikluk kacamatan Kawali anu rada tara kana babad Panjalu kungsi nyarioskeun waktos ditalek yen anjeunna kungsi kasumpingan ku tim anu nyusun eta buku, dina raraga "survey studi banding".
Ngeunaan kaabsahan NW`salaku sumber sajarah, si kuring yakin pisan, NW sah salaku sumber sajarah US jeung TS-na. Mang Ayat ngadugikeun dina pagempungan kamari, apan ari perjanjian-perjanjian jeung walanda, oge jeung portugis samemehna, teh ditulis, apan dina mangsa sakitu hartina geus aya bangsa urang anu bisa tutulisan jeung ngarti kana basa sejen. Diajar basa mah teu kudu ngadagoan kamoderenan sakumaha abad ayeuna. Kukituna, sanajan NW ditulis dina mangsa abad 17, teu mungguhan, bisa bae. Alesan anu kadua, anu nolak NW teh kulantaran NW ngeundeuk-ngeundeuk kaajegan "sajarah" versi Jawa anu dominan tea dina paelmuan urang. Buktina, aya sababaraha naskah ti seler sejen (sanes Sunda, sanes Jawa) anu ditulis samangsa jeung NW, tapi geuningan diaku, heunteu dinaha-naha atawa digeuhgeuykeun salaku pamohalan. Kunaon? sabab naskah-naskah anu bieu disebut mah heunteu ngusik-ngusik kaajegan sajarah versi Jawa tea.
Mangga, bilih meryogikeun (RPMSSJB), aya dina pabetekan. Keun bae sugan difotocopy oge da keur kamanfaatan balarea US, saupami milarian aslina rada sesah.
baktosna,
manAR
Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-Haturan Kang Kumincir,oge para inohong sadaya,
Nyabit-nyabit nami Kang Maman Gantra, Sim kuring teh janten emut
kana Caritaan Cikal bakal sajarah Karajaan Pajajaran anu di
kawitan ku ngadegna Karajaan Taruma Nagara dugi ka rempagna benteng
pajajaran kualatan musuh di jero simut, anu di pasihan
judul "Cikal Bakal Bogor" .
Tah Manawi terang naha tulisan sajarah ieu teh tos kengen ka absahan
ti pihak-pihak anu gaduh kawenangan kanggo nangtoskeun leres
henteuna ieu sajarah? Hatur nuhun.
Baktos
Asep-Oeking--FL
-- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ralat, sanes Teuku Jakob, tapi R. P. Soejono anu nalungtik Homo
> floresiensis tea...
>
> jk
>
> On Wed, 9 Mar 2005 18:08:38 +0700, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ti nu haladir (lian ti nu manggung), kuring ngan apal Pa Ayip
Rosidi,
> > Pa Ali Sastramidjaja (eta ge pedah bae anjeunna ngacung), Kang
Maman
> > Gantra (kang Tan2 siap2 ditelpon ku anjeunna, tadi ku uing dibere
> > nomer HP), Teuku Jakob (? nempo ti tukang), jeung Teten Masduki.
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

