Assalamualaikum 

Wargi kusnet sadaya, sikuring nyoba Noong oge yeuh, tapi urang hiji-hiji
sareung anu katingali sae waenya... da ari anu mangtangulmah sami wae
teu di US teu di Minang hehehhe..

Dina Dagang

Sagala rupa bisa didagangkeun, komo dina kadaharan pasti laku!!, komo
lamun bulan puasa(sikuring sok heurey ka pamajikan, neng jiganan
didieumah "W..uk" di kocek jeung tarigu terus disamaraan jeung digoreng
pasti laku oge).

Iuemah anu kalaman kukuring ningali tina hasil pakarangan sok dijarual,
beda jeung dilembur. Dilemburmah anu karasa kukuring duka teu aya bakat
dagang duka kumaha.... Cobi wae tinggali, baheula kebon aki kuring teh
loba buah-buahan (rambutan, manggah, Kalapa, peuteuy, jengkol jrrd)
lamun mupu teh tara dijual tapi dibagikeun, misal pas mupu peuteuy,
salembur kabigi peuteuyteh najan bari sapapan sewang, jadi lamun
kahampangan pasti sarua bauna..., Mupu rambutan sarua sok kabagi
salembur (sugan aya hayang ngajual atawa dibawa ka pasar, da teu aya
geuning).

Tapi lamun didieu... di pakarangan imahna aya tangkal jambu batu... pas
geus buahan galede, ih dirigidig wae kapasar mun poe pasarteh sadingkul
sakalimawa... jeung anu mawanateh ibu-ibu anu tos kolot, nya umur 50 th
kaluhur, gog weh nagog dipasar bari digunduk-gunduk eta jambu teh, jeung
laku dueih. (jigana pikirana pokona kumaha jadi duit wae, jadi jiwa
dagangnateh geus ngadarah-ngadaging).

Aya carita babaturan sok ngisi obat-obat keur patani ka jongko-jongko
pupuk, harita manehna ti lembur mawa bibit cabe pesenan patani anu sok
sering papangih di jongko (mungkin babaturan anu boga jongko, malah sa
RT meureun), pas bibit cabe geus aya nya dibawa, tapi teu kapanggih
jeung anu pesenteh..., didtitipkeun we kanu boga jongko, ieu pesenan si
anu harganateh 20rb. Tapi pas datang si patani kunu boga jongko
barangteh dibikeun bari ngomong cenah hargana 27.5rb (padahal mun
urangmah sok sieun pan kumaha lamun ditanyakeun deui kanu
mawana.....tapi didieumah jigana cuek wae, pokona kumaha engke,
nupenting kumaha ayeuna bisa ngahasilkeun, rek dulur rek heunteu lamun
kira-kira ngahasilkeun di libas).

Sakitu heula wae wargi...
Eh aya tips bilih wargi jalan-jalan ka pdg/minang (bukittinggi) heg
balanja di pasar... mun nawar barang tong asa-asa, jebrod-jebrod wae rek
satengah tina harga atawa leuwih oge moal nanaon....jeung kudu rada
ngotot hehehe.....
Hiji deui tong heran lamun balanja dipasar, nini nagog bari jualan teu
pira anu dijulanateh sureuh, atawa cabe sababara guncluk (meureun mawa
ti jongko cabe di jero pasar), terus urang meli kamanehna heg duit urang
gede , manehna tara hese mulangan da lamun ngusiwelkeun tina
sampingnateh loba duitna (sikuring oge sok helok anu dijual teu pira
tapi loba duitnateh).

salam
hendra



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke