Kang Hendra...

aya pangalaman abdi balanja di Tn. Abang.
di Ps. Tanah Abnag teh pan langkung seueur uni2 sareng uda2
jadi sok akrab we ka si uni na upami nawis teh
ni .. bara ni ( naros keun pangaos acuk )
angek yo nik da do ac nyo ( basa basi )
kok mahal yo ni... jangan pilit2 lah ni, kito samo2 urang awak ni..
tapi sok rada sieun oge nawis 1/2 harga teh.. tapi leres kang ahirna mah 
dipasihan oge
turun harga na teh jauh pisan ti tawaran pertama.

Siga na kaum istri urang padang mirip, sareng kaum istri urang bali..
nu garesit teh justru nu istri na.. teuing pameget na kamarana


=Icho=


----- Original Message ----- 
From: "kamurer" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, March 15, 2005 1:18 AM
Subject: [Urang Sunda] US noong MINANG


>
> Assalamualaikum
>
> Wargi kusnet sadaya, sikuring nyoba Noong oge yeuh, tapi urang hiji-hiji
> sareung anu katingali sae waenya... da ari anu mangtangulmah sami wae
> teu di US teu di Minang hehehhe..
>
> Dina Dagang
>
> Sagala rupa bisa didagangkeun, komo dina kadaharan pasti laku!!, komo
> lamun bulan puasa(sikuring sok heurey ka pamajikan, neng jiganan
> didieumah "W..uk" di kocek jeung tarigu terus disamaraan jeung digoreng
> pasti laku oge).
>
> Iuemah anu kalaman kukuring ningali tina hasil pakarangan sok dijarual,
> beda jeung dilembur. Dilemburmah anu karasa kukuring duka teu aya bakat
> dagang duka kumaha.... Cobi wae tinggali, baheula kebon aki kuring teh
> loba buah-buahan (rambutan, manggah, Kalapa, peuteuy, jengkol jrrd)
> lamun mupu teh tara dijual tapi dibagikeun, misal pas mupu peuteuy,
> salembur kabigi peuteuyteh najan bari sapapan sewang, jadi lamun
> kahampangan pasti sarua bauna..., Mupu rambutan sarua sok kabagi
> salembur (sugan aya hayang ngajual atawa dibawa ka pasar, da teu aya
> geuning).
>
> Tapi lamun didieu... di pakarangan imahna aya tangkal jambu batu... pas
> geus buahan galede, ih dirigidig wae kapasar mun poe pasarteh sadingkul
> sakalimawa... jeung anu mawanateh ibu-ibu anu tos kolot, nya umur 50 th
> kaluhur, gog weh nagog dipasar bari digunduk-gunduk eta jambu teh, jeung
> laku dueih. (jigana pikirana pokona kumaha jadi duit wae, jadi jiwa
> dagangnateh geus ngadarah-ngadaging).
>
> Aya carita babaturan sok ngisi obat-obat keur patani ka jongko-jongko
> pupuk, harita manehna ti lembur mawa bibit cabe pesenan patani anu sok
> sering papangih di jongko (mungkin babaturan anu boga jongko, malah sa
> RT meureun), pas bibit cabe geus aya nya dibawa, tapi teu kapanggih
> jeung anu pesenteh..., didtitipkeun we kanu boga jongko, ieu pesenan si
> anu harganateh 20rb. Tapi pas datang si patani kunu boga jongko
> barangteh dibikeun bari ngomong cenah hargana 27.5rb (padahal mun
> urangmah sok sieun pan kumaha lamun ditanyakeun deui kanu
> mawana.....tapi didieumah jigana cuek wae, pokona kumaha engke,
> nupenting kumaha ayeuna bisa ngahasilkeun, rek dulur rek heunteu lamun
> kira-kira ngahasilkeun di libas).
>
> Sakitu heula wae wargi...
> Eh aya tips bilih wargi jalan-jalan ka pdg/minang (bukittinggi) heg
> balanja di pasar... mun nawar barang tong asa-asa, jebrod-jebrod wae rek
> satengah tina harga atawa leuwih oge moal nanaon....jeung kudu rada
> ngotot hehehe.....
> Hiji deui tong heran lamun balanja dipasar, nini nagog bari jualan teu
> pira anu dijulanateh sureuh, atawa cabe sababara guncluk (meureun mawa
> ti jongko cabe di jero pasar), terus urang meli kamanehna heg duit urang
> gede , manehna tara hese mulangan da lamun ngusiwelkeun tina
> sampingnateh loba duitna (sikuring oge sok helok anu dijual teu pira
> tapi loba duitnateh).
>
> salam
> hendra
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke