wilujeng enjing baraya sadayana...
 
kang eko.. kumaha pami "person incharge" unggal rubrik tea digiatkeun deui,
pami teu lepat kapungkur abdi kabagean dina rubrik dongeng,
atanapi pami kang eko teu aya waktos kanggo ngalebetkeun kana webna,
ditunjuk salah saurang warga kusnet kanggo ngabantosan kang eko ngalebetkeun unggal rubrik ka webna,
mangga ahhh ieu mah mung sakadar usul...
 
Panzi
 
----- Original Message -----

 
Leres pup saran sareng kritik teh tos seueur sapalih
mah aya nu diwaler aya nu henteu he he....atuda
bingung abdi oge kahoyong mah sagala aya ngan asa teu
katanagaan komo kudu diketik deui mah.

Tupayun mah upami aya seratan teh sok di edit deui ku
kang darpan, teras ku abdi dilebetkeun ka web kusnet.
Ayeuna mah asa sok bingung asupkeun ulah asupkeun ulah
ieu serat anu diposting ka milis teh.

Cing kumaha baraya nyuhunkeun bongbolongan perkawis
saran sareng kritik, kitu deui kanggo eusi web kusnet.
Tangtos ari ideu mah pasti garaduh, upami tiasa mah
ideu kedah sareng ngabantuan ngedit he he....(goreng
tungtungnanya).

Hatur nuhun
@ERN


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke