euleuh kang Didi bodor pisan eta, babari atuh ngartoskeun basa Jawa mah da
teu jauh2 pisan jeung basa Sunda, pan mirip2 kata2na mung rada benten
hartosna, ari seseratan ge mirip pan hanacaraka sareng honocoroko teh, ari
abdi lumayan ngartos lah kana jawa teh da nuju kuliah teh seueur pisan
rerencangan sareng sohib teh ti jawa sareng pun istri ge asli purwokerto
tepatna ti Kalibagor, eta teh kabupaten banyumas aslina Parto patrio. Nu
logatna bodor pan ti daerah banyumas jeung tegal tah jadi basa jawana
disebut jawa ngapak2, jeung aya kata2 nu teu umum siga kencot ......nu
kitu2 lah teu apal
Anugrah Setiawibawa
MM MD Dept 09 & 56
PT Matahari Putera Prima Tbk
Ph : 5469333, 5475333 Ext 9858
Menara Matahari Lt 11
0815-888-4808
Didi
<[EMAIL PROTECTED] To: [EMAIL PROTECTED],
.id> [email protected]
cc:
03/24/05 Subject: [Urang Sunda] pangalaman
pribadi ieu
03:57 PM mah
Please
respond to
urangsunda
Mun ras inget ka SiPaijo babaturan urang jawa, nu geus rada lila hirup
ditangerang, manehna geus bisaeun basa sunda najan rada garihal oge, jeung
numatak pikaseurieun meureun eta logat medok jawana aya keunah, ceuk urang
mah sok disebut sunda bledug. Da eta lamun ngomong teh sok rada
bledag-bledug Kieu caritana teh.
Hiji waktu mangsa sabada hujan gede kuring niat rek meresihan emper imah
kontrakan, dakatingalina teh rarujit pisan tuluy kuring menta tulung ka
Paijo
Kuring: Jo.....Paijo cik pang Nyokotkeun cai rek meresihan emper.
Paijo: Manehmah kawas jalma gelo, cai dicokot, cai mah dileueut, lain
dicokot, Ceuk Paijo bari teu tinggaleun logat jawana.
kuring molok wae, tapi ras inget yen cokot dina basa jawa hatina gegel,
ngegel (gigit basa Indo).
Kuring jeung paiojo teh nyobat pisan, teu rek kitu kumaha da batur
sakontrakan, komo manehna mah bageur pisan. Kadang kala kuring sok diajar
basa jawa, pon kitu deui manehna sok diajar basa sunda. Lumayanlah bisa,
sanajan ngan sakecap dua kecap. Tah basa lebaran tahun 2002 mun teu salah
mah kuring diangkir kaimahna Paijo didaerah jawa tengah ngaran daerah
teuing
poho deui ngan kabupatenna mun teu salah mah purwokerto kitu.
Singket carita kuring nyanggupan, tapi kuring rek mulang heula kasarakan
diCirebon, engke wae sabada lebaran cekeng teh, SiPijo satuju.
Poe nu geus ditangtukeun kuring indit kaPurwokerto sorangan wae kana beus.
Lumayan juh sanggeus turun naek mobil akhirna nyampe wae kalemburn Paijo.
kuring tunyu-tanya ka jalma nu liwat atawa nu diwarung loba nu nuduhkeun.
Geus aya dihepeun panto kuring uluk salam dengan penuh percaya diri, kitu
ceuk basa gaulna na mah kuring uluk salam make basa jawa, sakalian praktek
cekeng teh n jero hate:
Kuring: kulonuwun
Pribumi: Monggo, sopo? (ceuk pribumi ti jero imah)
Kuring: kulo (bari rada bungah tidituna mah geus bisa basa jawa).
Pribumi: kulo sopo? (ceuk pribumi deui)
kuring rungah ringeuh kudu ngajawab naon yeuh, kuring teu nyaho deui kudu
kumaha nembalannana dina basa jawa tungtungna kuring ngajawab
Kuring: kulonuwun..............
Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give the gift of life to a sick child.
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/