Upami ditengetkeun jeung disimpulkeun kalawan basajan mah, raket atawa kapakena US ku Walanda sabab nguntungkeun duanana. Kumpeni ngamangpaatkeun sistim feodal di urang sangkan rahayat teu baruntak. Atuh ku para menak (sabagian, meureun), kalungguhan nu ditawarkeun ku Kumpeni teh disambut diboro, sabab bisa nguatkeun posisi jeung adat kamenakanana hareupeun rahayat.
Aya conto anu didadarkeun ku Moriyama ngeunaan Muhamad Musa: Musa teh menak, raket jeung Holle (Walanda). Raketna Musa jeung Holle, nguntungkeun duanana. Nasehat/pamanggih Holle ka pamarentah Hindia-Walanda ngeunaan jajahan Tatar Sunda diaku & kapake pisan ku Walanda (kaasup ngeunaan Musa). Ti dinya jasa Musa ka pihak Walanda diaku ku Walanda, nu dibales ku (cenah) jangji ti Walanda rek mere kalungguhan pikeun anak-incuna nepi ka tujuh turunan. Ka dieunakeun, urang maca dina sajarah (da teu ngalaman kuring mah) ngeunaan Nagara Pasundan nu dipingpin ku saurang katurunan Musa. Walanda ngangsonan & ngarojong ka .... (aduh... poho deui, saha nya pamingpin nagara Pasundan teh?) bari nyebutkeun dina raraga ngabales jasa Musa tea nepi ka tujuh turunan. geus heula ah, bisi loba salahna. jk (pedaran nu rada/leuwih lengkep ngeunaan Nagara Pasundan aya na majalah WARTA-Gema Jabar nu harita dibagikeun di HS) On Sun, 27 Mar 2005 08:28:10 +0700, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upami numutkeun sajarah Indonesia, matak seueur pisan urang US anu kaanggo > ku Walanda lantaran sikap urang US anu tiasa diajak kooperatif jeung > maranehannana. Tapi sanaos kitu oge urang US gaduh pendirian nyalira, komo > diajak ngajajah bangsa sorangan mah moal daek meureun...? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

