heuheuheu... terangan wae si akang mah euy,
muhun tuda abdi kikituan teh gara2 kawijakan ti pausahaan anu ngarugikeun,
baheula mah abdi kalebet karyawan anu bageur, semangat kerja sareng loyalitas tinggi.. hehehe...
tisaprak lebet "jepri2" anyar, seueur kawijakan2 anu aneh2 kaluar,
ahirna karyawan seueur nu kuciwa, komo karyawan permanen mah,
da basa jepri nu lami mah teu kieu2 teuing, masih aya rasa kekeluargaan sareng kebersamaanana,
ayeuna mah jauhhhh pisannn... seueur pisan kawijakan2 anu tadina nguntungkeun karyawan dihapus...
can deuih kagiatan2 refreshing... ayeuna mah tos tara aya deui, samodel acara2 anniversary, sport party, ulang tahun bersama jsb...
alesanana PT keur rugi.. tapi ngarekrut wae staff anyar, manager anyar, manager plan anyar,
bari staf2 jeung manager2 nu lila teu dikaluarkeun... jadi we teu effisien..
can nu direkrutna teh kaahlianana kurang jeung kurang layak jadi manager,
maenya aya manager anyar unggal asup ka pabrik bajuna dikaluarkeun, teu rapih jeung teu apal naon gawena,
ah seueur pisan we lah masalahna teh... matak ayeuna mah sumitomo teh tinggal ngantosan ancurna,
produkna tos seueur keuna customer claim, seueur oge produk anu diuihkeun deui...
 
tah pa' samsuar oge kalebet jepri anu anyar... lebet ka sumitomo,
mung abdi mah salut ku anjeunna, yakin bakal teu tiasa ngarobih kaayaan manajemen sumitomo,
anjeunna "gentlement" mengundurkan diri... sanajan nganggo alesan yen ibuna teu damang,
tapi jepri nu sanesna mah maksakeun bertahan, antukna malah beuki acak adut....
ku acak adutna manajemen ahirna kabentuk Sarikat Pekerja, baheula mah ngan saukur bipartit wungkul,
tapi ku ayana sarikat pekerja... malah jadi musuh jang manajemen,
padahal tadina mah hayang jadi partner...
 
beu... naha abdi jadi carita panjang kieu nya...
ari kang akos kalebet "jepri" sanes....??? hehehe...
 
Panzi
 
 
----- Original Message -----

 
Assalamu'alaikum...
Kang Panzi, kumaha damang nun? nuhun bae atuh upami
damang mah.
Ngiringan mairan sakedik, kaci nya?
Kang,...eta mah sanes kawijakan "Jepang Pribumi"na anu
nalangsarakeun pagawe urang. Pagawe urang na boa anu
teu eucreug gawena.. he he he...Siga anu heueuh bae
digawe teh, ari unggal poe hayuh bae cheting jeung
ulin di Gank Leboy.
Lamun aya keneh pa Samsuar di dinya mah deuk
diharewosan ka anjeuna, tuh tingali kang Panzi gawena
mung ukur gogonjakan di GL jeung YM ...ha ha ha

Nuhun,

baktos akos

> -----Original Message-----
> From: @@ Ifan [mailto:[EMAIL PROTECTED]

> pami di pabrik abdi damel mah namina "Jepri = Jepang
> Pribumi",
> gawena teu jauh sareng "walanda hideung", nyieun
> kawijakan2 parusahaan anu nyangsarakeun karyawan...

> Panzi


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke