Haturan parawargi, wilujeng enjing!
 
Kang Ganjar, Kang Rudi, Ua Sas oge anu sanesna...
Aduh eta mani tos kumejot sim kuring hayang maca PS, kabayangkeun nyoreang alam ka tukang dina mangsa taun 1922-1927 (nagara RI can aya euy!) siga kumaha nya kayaan di urang (TS) teh? Asana mah teu sadaya seler dinagara urang boga pepernian samodel PS-lah, sigana deui digitalisasi PS mangrupikeun  yasa monumental kusnet. Digitalisasi PS anu kabayangkeun ku sim kuring mah peryogi waktos, tanagi, energi anu cekap sareng kedah kontinyu, upami aslina medal unggal sasih, duka sabahara kaca tah majalah teh? dihubungkeun sareng usulan diposting saminggon sakali hatosna kirang langkung eta majalah dibagi opat, moal ageung teuing kitu filena? upload-download rada sesah. Raraosan kedah aya tim anu ngokolakeunana, sapertos Kang Hasan dina ngokolakeun digitalisasi Qur'an tea, kumaha upami dibentuk heula paniciana. Emutaneun sanesna kumaha upami "dibegal" ku batur urang anu ngetikna batur anu "ngomersialkeunana" hukumanana naon? atanapi diiklaskeun bae etang-etang kampanye kasundaan tapi kumaha upami anu ngabegalna seler sejen anu jauh ari pek teh dijualna ka urang deui, cilaka! he..., he....,
 
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
From: matsasmita
Sent: Wednesday, March 30, 2005 6:37 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: "Duplikasi + Digitalisasi" Poesaka Soenda



Assalamualaikum Wr Wb
Kang Rudy, sim kuring ngiring bingah wirehna eta PS tos dugi kalawan
lengkep, ari pamendak sim kuring mah mending oge dikintunkeun bae ka
Kusnet dina wangun digital, supados sadayana baraya nu aya di Kusnet
tiasa maca kalawan gemet naon anu janten bahasan dina taun eta.
Anapon ngintunkeunana tiasa saminggon sakali kumaha kasanggeman Kang
Rudy bae, upami tiasa mah teu kedah dikelompokeun tapi unggal kaca
bae saluyu sareng wangun buku/majalah-na, ieu teh supados katingal
orisinilitasna bleg teu benten sareng majalah aslina.
Atuh sual duplikatna bade dikintun ka YP eta ge kalintang saena, mung
upami digitalisasi anu dikintun ka Kusnet kedah tetep mayeng.
Sakitu pamendak sim kuring.
Hapunten teu tiasa mantuan.

MSasmita

--- In [email protected], Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> *************************
> Assalamu'alaikum Wr. Wb.
>
> Kalayan nyebat asmana Alloh!
>
> Haturan Baraya lembut!
>
> Hancaan teh satemena aya dua, Kasepuhan sareng Poesaka
> Soenda. Satemenna sim kuring asa kayungyun pikeun
> ngaji  Kasepuhan teh. Satadina mah Kasepuhan teh
> sakaca-sakaca urang kintunkeun bae ka babakan, keun
> pikeun diaduronyemkeun ku baraya dina sawatara waktu
> mah, ke dina waktuna guaran hiji kaca eta teh karaos
> cekap, urang cindekkeun bae kaca nu dipadungdengkeun
> teh pikeun nutup padungdengan tea. Terusna rengse hiji
> kaca eta urang kintun keun deui ka babakan kaca nu
> salajengna der diaduronyemkeun deui. Kitu bae
> salawasna tug ka akhir kaca 39.
>
> Baraya heuleut sawatara minggon mah Layang Kasepuhan
> teh urang simpen heulaanan, ayeuna mah urang
> badamikeun bae kumaha ngokolakeun ("digitalisasi")
> Poesaka Soenda.
>
> Alhamdulillah, PS (Poesaka Soenda) pangbagea Kang
> Ganjar teh parantos katampi kalayan lengkep dina
> dinten Minggu sonten kamari. Aya kana 9 bebedna
> kintunan ti Kang Ganjar teh, kirang langkungna aya
> kana 1.000 kaca.
> Sim kuring enjingna pisan langsung nalipung Kang
> Ganjar, enya, salian nganuhunkeun kanggo kajembaran
> anjeuna oge ngauninakeun rehna kintunan tea teh
> parantos katampi.
>
> Baraya, ditilik sakilatan mah, PS teh sarupaning
> majalah nu medalna sasasih sakali, munggarana PS
> kintunan Kang Ganjar teh, ti sasih Juli 1922 tug na ka
> Oktober 1927. Eusining PS dina tiap medalna teh remen
> pisan unak-unikna, aya nu ngaguar kakawihan,
> tetembangan, sajarah, wawacan, pupuh, jrrd.
> Ningan ieu PS teh teu salah di sebut Poesaka, da nu
> dipedar di eta PS teh teu salah deui mangrupakeun
> Kasundaan. Enya! pusaka pikeun Ki Sunda nu perelu di
> lerepkeuneun di sajeroning lelembutannana.
>
> Kukituna Sim Kuring neda panimu ti balarea baraya
> babakan pikeun ngalajuningkeun hancaan kapayunna ieu
> Poesaka teh. Aya dua patarosan ti sim kuring :
>
> 1. Alhamdulillah, PS teh parantos di gandakeun
> ("duplikasi") deui ku sim kuring, kantun diiket
> ("binding") nu tadina 9 bebed (kintunan ti Kang
> Ganjar) sejana dijantenkeun 6 bebed ku sim kuring
> (sabebed disataunkeun medalna PS).
> Paniatana mah, insya alloh kopian PS nu ti sim kuring
> teh sejana dikintunkeun ka lemah cai. Tah pamendak
> kuring mah samentawis ieu, PS teh saena mah dikintun
> keun ka YP (Yayasan Perceka) bae.
> Tah, dupi pamendak ti baraya saena kumaha?
>
> 2. Nga"digitalisasi"keun ieu PS teh, satemena hancaan
> urang nu saterasna, nu insya alloh baris dilumakukeun
> ku cara ngintunkeunana ka babakan.
> Kasauran Kang Ganjar ngalangkung talipun harita,
> kumaha   upami ngintunkeun PS ka babakan teh dina
> bangun kolompok-kolompok, saperti kolompok wawacan,
> sajarah, tembang, jrrd, nu di ringkelkeun ti tiap-tiap
> medalna PS nu sasasih sakali tea ("dikompilasi" basa
> koboyna mah). Nu lianna aya oge pamendak teh, kumaha
> upami PS teh dikintunkeun ka babakan ku cara saminggon
> sakali dina bangun medal na PS (samisal PS edisi 1
> sasih Juli 1922 di kintunkeun ka babakan minggon
> payun, edisi 2 sasih Agustus 1992 dikintunkeun deui
> minggon payunna.... teras bae salawasna kitu tug ka
> rengsena PS nu edisi 10 sasih Oktober 1927).
>
> Tah kitu baraya!, kumaha ateuh panimu baraya?
>
> Pamugi salamet,
>
> -pun adi-
> *****************









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke