bilih agueng teuing filena upami di kintun ka milis, mangga bilih bade disimpen di server urang-sunda.or.id ke baraya tiasa ngaos didinya. mangga ke dibukakeun pantona teu langkung bade nyalira ngalebetkeun ka server urang-sunda.or.id atanapi bade dikintun heula ka abdi.
hatur nuhun @ERN --- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan parawargi, wilujeng enjing! > > Kang Ganjar, Kang Rudi, Ua Sas oge anu sanesna... > Aduh eta mani tos kumejot sim kuring hayang maca PS, > kabayangkeun nyoreang alam ka tukang dina mangsa > taun 1922-1927 (nagara RI can aya euy!) siga kumaha > nya kayaan di urang (TS) teh? Asana mah teu sadaya > seler dinagara urang boga pepernian samodel PS-lah, > sigana deui digitalisasi PS mangrupikeun yasa > monumental kusnet. Digitalisasi PS anu kabayangkeun > ku sim kuring mah peryogi waktos, tanagi, energi anu > cekap sareng kedah kontinyu, upami aslina medal > unggal sasih, duka sabahara kaca tah majalah teh? > dihubungkeun sareng usulan diposting saminggon > sakali hatosna kirang langkung eta majalah dibagi > opat, moal ageung teuing kitu filena? > upload-download rada sesah. Raraosan kedah aya tim > anu ngokolakeunana, sapertos Kang Hasan dina > ngokolakeun digitalisasi Qur'an tea, kumaha upami > dibentuk heula paniciana. Emutaneun sanesna kumaha > upami "dibegal" ku batur urang anu ngetikna batur > anu "ngomersialkeunana" hukumanana naon? atanapi > diiklaskeun bae etang-etang kampanye kasundaan tapi > kumaha upami anu ngabegalna seler sejen anu jauh ari > pek teh dijualna ka urang deui, cilaka! he..., > he...., > > Wassalam, > dudi_ss > ----- Original Message ----- > From: matsasmita > To: [email protected] > Sent: Wednesday, March 30, 2005 6:37 AM > Subject: [Urang Sunda] Re: "Duplikasi + > Digitalisasi" Poesaka Soenda > > > > > Assalamualaikum Wr Wb > Kang Rudy, sim kuring ngiring bingah wirehna eta > PS tos dugi kalawan > lengkep, ari pamendak sim kuring mah mending oge > dikintunkeun bae ka > Kusnet dina wangun digital, supados sadayana > baraya nu aya di Kusnet > tiasa maca kalawan gemet naon anu janten bahasan > dina taun eta. > Anapon ngintunkeunana tiasa saminggon sakali > kumaha kasanggeman Kang > Rudy bae, upami tiasa mah teu kedah dikelompokeun > tapi unggal kaca > bae saluyu sareng wangun buku/majalah-na, ieu teh > supados katingal > orisinilitasna bleg teu benten sareng majalah > aslina. > Atuh sual duplikatna bade dikintun ka YP eta ge > kalintang saena, mung > upami digitalisasi anu dikintun ka Kusnet kedah > tetep mayeng. > Sakitu pamendak sim kuring. > Hapunten teu tiasa mantuan. > > MSasmita > > --- In [email protected], Rudy Setiawan > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ************************* > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > > > Kalayan nyebat asmana Alloh! > > > > Haturan Baraya lembut! > > > > Hancaan teh satemena aya dua, Kasepuhan sareng > Poesaka > > Soenda. Satemenna sim kuring asa kayungyun > pikeun > > ngaji Kasepuhan teh. Satadina mah Kasepuhan teh > > sakaca-sakaca urang kintunkeun bae ka babakan, > keun > > pikeun diaduronyemkeun ku baraya dina sawatara > waktu > > mah, ke dina waktuna guaran hiji kaca eta teh > karaos > > cekap, urang cindekkeun bae kaca nu > dipadungdengkeun > > teh pikeun nutup padungdengan tea. Terusna > rengse hiji > > kaca eta urang kintun keun deui ka babakan kaca > nu > > salajengna der diaduronyemkeun deui. Kitu bae > > salawasna tug ka akhir kaca 39. > > > > Baraya heuleut sawatara minggon mah Layang > Kasepuhan > > teh urang simpen heulaanan, ayeuna mah urang > > badamikeun bae kumaha ngokolakeun > ("digitalisasi") > > Poesaka Soenda. > > > > Alhamdulillah, PS (Poesaka Soenda) pangbagea > Kang > > Ganjar teh parantos katampi kalayan lengkep dina > > dinten Minggu sonten kamari. Aya kana 9 bebedna > > kintunan ti Kang Ganjar teh, kirang langkungna > aya > > kana 1.000 kaca. > > Sim kuring enjingna pisan langsung nalipung Kang > > Ganjar, enya, salian nganuhunkeun kanggo > kajembaran > > anjeuna oge ngauninakeun rehna kintunan tea teh > > parantos katampi. > > > > Baraya, ditilik sakilatan mah, PS teh sarupaning > > majalah nu medalna sasasih sakali, munggarana PS > > kintunan Kang Ganjar teh, ti sasih Juli 1922 tug > na ka > > Oktober 1927. Eusining PS dina tiap medalna teh > remen > > pisan unak-unikna, aya nu ngaguar kakawihan, > > tetembangan, sajarah, wawacan, pupuh, jrrd. > > Ningan ieu PS teh teu salah di sebut Poesaka, da > nu > > dipedar di eta PS teh teu salah deui > mangrupakeun > > Kasundaan. Enya! pusaka pikeun Ki Sunda nu > perelu di > > lerepkeuneun di sajeroning lelembutannana. > > > > Kukituna Sim Kuring neda panimu ti balarea > baraya > > babakan pikeun ngalajuningkeun hancaan kapayunna > ieu > > Poesaka teh. Aya dua patarosan ti sim kuring : > > > > 1. Alhamdulillah, PS teh parantos di gandakeun > > ("duplikasi") deui ku sim kuring, kantun diiket > > ("binding") nu tadina 9 bebed (kintunan ti Kang > > Ganjar) sejana dijantenkeun 6 bebed ku sim > kuring > > (sabebed disataunkeun medalna PS). > > Paniatana mah, insya alloh kopian PS nu ti sim > kuring > > teh sejana dikintunkeun ka lemah cai. Tah > pamendak > > kuring mah samentawis ieu, PS teh saena mah > dikintun > > keun ka YP (Yayasan Perceka) bae. > > Tah, dupi pamendak ti baraya saena kumaha? > > > > 2. Nga"digitalisasi"keun ieu PS teh, satemena > hancaan > > urang nu saterasna, nu insya alloh baris > dilumakukeun > > ku cara ngintunkeunana ka babakan. > > Kasauran Kang Ganjar ngalangkung talipun harita, > > kumaha upami ngintunkeun PS ka babakan teh > dina > > bangun kolompok-kolompok, saperti kolompok > wawacan, > > sajarah, tembang, jrrd, nu di ringkelkeun ti > tiap-tiap > > medalna PS nu sasasih sakali tea ("dikompilasi" > basa > > koboyna mah). Nu lianna aya oge pamendak teh, > kumaha > > upami PS teh dikintunkeun ka babakan ku cara > saminggon > > sakali dina bangun medal na PS (samisal PS edisi > 1 > > sasih Juli 1922 di kintunkeun ka babakan minggon > > payun, edisi 2 sasih Agustus 1992 dikintunkeun > deui > > minggon payunna.... teras bae salawasna kitu tug > ka > > rengsena PS nu edisi 10 sasih Oktober 1927). > > > > Tah kitu baraya!, kumaha ateuh panimu baraya? > > > > Pamugi salamet, > > > > -pun adi- > > ***************** > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Sponsor > ADVERTISEMENT > > === message truncated === ----------------------------- http://www.urang-sunda.or.id ----------------------------- __________________________________ Do you Yahoo!? Make Yahoo! your home page http://www.yahoo.com/r/hs ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

